PDIP Majalengka Optimistis Ganjar Pranowo Mahfud MD Unggul, Moal Beurat Ngayonan Prabowo Gibran

- 24 Oktober 2023, 19:00 WIB
Ganjar Pranowo - Mahfud MD, capres jeung cawapres PDI P.
Ganjar Pranowo - Mahfud MD, capres jeung cawapres PDI P. /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID – Ketua DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka nu oge Bupati Majalengka, H Karna Sobahi nganggap duet Capres Ganjar Pranowo jeung Cawapres Mahfud MD di Pilpres 2024 teh pasangan nu lengkep.

"Ceuk simkuring formasi Ganjar-Mahfud paket nu lengkep. Pa Ganjar nasionalis, Pa Mahfud relegius, tangtos ieu kawilang Payus," ceuk Karna Sobahi ka Galura, Senen (23/10/2023).

Disebutkeun Karna, minangka kader PDI Perjuangan, inyana saukur merperjoangkeun Ganjar Mahfud sangkan dina Pemilu 2024 unggul.

Baca Juga: Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir

Ngeunaan naha Ganjar-Mahfud bakal mampuh nyangking soara mayoritas diMajalengka, Karna Sobahi optimistis. "Insyaallah ku gabungan nasionalis katut agamis, di Kabupaten Majalengka bakal kenging ku Ganjar Pranowo sareng Mahfud MD," pokna 

Inyana netelakeun pihakna siap tarung ngalawan Prabowo - Gibran Rakabuming Raka di Pilpres 2024 hareup.

"Dina emutan simkuring, di Jabar, nu pangabotna, nyaeta Prabowo-Erick atanapi Prabowo-Ridwan Kamil. Upami Prabowo-Gibran, InsyaAllah Ganjar Pranowo - Mahfud MD bakal kenging," ceuk Karna Sobahi.

Najan Karna Sobahi optimistis tapi ku sabab PDI P teu ngahiji deui jeung PKB, kawasna beurat pikeun kawas Pilpres 2014 jeung 2019. PKB nu di Kabupaten Majalengka motorna KH Maman Imanulhaq, ayeuna gabung jeung Koalisi Perubahan NU nyalonkeun Anies Cak Imin.

Anie-Cak Imin dirojong ku Nasdem, PKS jeung PKB. Ieu tilu partey, kasohor ku militanana, babakuna PKS.  Ceuk itungan mah Anies-Cak Imin bakal unggul di Jawa Barat. Atuh di Kabupaten Majalengka Anies-Cak Imin bakal meunang sora nu siginifikan.*** Ayank, Nanang S.

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah