GALURA.CO.ID - Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ngaluarkeun kawijakan warga nu SIM-na leungit bisa datang ka Ruang Pelayanan SIM Polres Majalengka. SIMna bakal diganti ku nu anyar.
Ieu kawijakan bukti pelayanan husus ti Polres Majalengka pikeun masarakat anu SIM-na leungit Salasa (21/5/2024).
Kawijakan bieu respons kana patalekan masarakat kana Call Center Hallo Pak Kapolres di nomer 081111122004 ngeunaan gagantina SIM anu leungit balukar kacopetan.
Kapolres Majalengka miharep kawijakanana bisa ngabantu ngurangan bangbaluh masarakat anu kaleungitan dokumen penting.
"Polres Majalengka komitmen kangge masihan pelayanan panghadena ka masarakat, utaamina situasi anu teu diduga sapertos Ical SIM balukar ti kacopetan," ceuk Kapolres.
Masarakat ngapresiasi hade kana kawijakan Polres Majalengka. Hal eta nembongkeun dedikasi kapulisian dina ngajaga kaamanan tur kaluginaan wargana.*** Ayank R Sambara