Seniman jeung Politik, Satria Seni Bhinekas Kabupaten Majalengka Ngadukung Karna Sobahi Jadi Bupati Deui

- 24 Juni 2024, 09:01 WIB
Seniman  nu ngagabung dina "Satria Seni Bhinekas" ngarojong H. Karna Sobahi jadi deui Bupati keur nuluykeun pangwangunan di Kabupaten Majalengka jilid II.
Seniman nu ngagabung dina "Satria Seni Bhinekas" ngarojong H. Karna Sobahi jadi deui Bupati keur nuluykeun pangwangunan di Kabupaten Majalengka jilid II. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ratusan komunitas seni jeung budaya di Kabupaten Majalengka anu aya dina auban "Satria Seni Bhinekas" ngarojong H. Karna Sobahi jadi deui Bupati keur nuluykeun pangwangunan di Kabupaten Majalengka jilid II.

Ieu rojongan diikrarkeun nalika acara silaturahmi akbar ratusan komunitas seni budaya sakabupaten Majalengka anu tempatna di Tourist Information Center & Store Panyaweuyan, Kecamatan Argapura, Saptu, 22 Juni 2024.

Ketua Satria Seni Bhinekas, Ocky Sandi, netelakeun kagiatan silaturahmi akbar diiluan ku leuwih 130 pingpinan sanggar seni.

"Aya 130 grup langkung tos aub di Satria Bhinekas, kangge mengkuhkeun komitmen ngarojong Bapa H. Karna Sobahi majeng deui Bupati Majalengka periode 2024-2029," ceuk Ocky, nalika ditepungan ku wartawan, Ahad (23/06/2024).

"Satiap pingpinan seni ngaluuhan tur sadayana komitmen ngarojong ka bapa Karna Sobahi supados janten deui Bupati Majalengka 2024-2029," ceuk Ocky.

Disebutkeun Ocky, munggaran dina sajarah Pilkada Majalengka aspek seni jeung budaya bakal diperjoangkeun sacara spesifik ku bakal calon bupati.

"Kapamingpinan Bapa Karna Sobahi dina 5 taun kapengker kawilng luar biasa. Bewarakeun iber hade ieu ka sakumna masarakat Majalengka aspirasi seni budaya bakal diperjoangkeun deui," ceuk Ocky.

Inyana oge boga itikad hade bakal berjoang babarengan nepi ka Tempat Pemungutan Suara (TPS), kalayan cangkingan soara minimal 50% keur kaunggulan Karna Sobahi.

Karna Sobahi kawilang ngapresiasi kagiatan anu dipokalan ku sakumna pingpinan tur seniman anu dina Silaturahmi Akbar Komunitas Seni Budaya.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah