Bupati Bandung Dileler Pangajèn Pangdam III/Siliwangi Awards

- 21 Mei 2024, 21:02 WIB
Bupati Bandung dileler Panglima Kodam III/Siliwangi Award (21/05/2024).
Bupati Bandung dileler Panglima Kodam III/Siliwangi Award (21/05/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, dileler pangajèn Pangdam III/Siliwangi Awards dina Milangkala ka-78 Kodam III/Siliwangi taun 2024 di Makodam III/Siliwangi, Jalan Aceh No. 69 Kota Bandung, Salasa , 21 Mei 2024.

Eta Pengajèn wujud apresiasi ti Kodam III/Siliwangi alatan dedikasina nu luhur minangka tokoh nu aub ngadukung program pangwangunann Kodam III/Siliwangi.

Bupati Dadang Supriatna dianggap teu welèh ngarojong saniskara kagiatan TNI, hususna Kodam III/Siliwangi di wilayah Kabupaten Bandung. Di antarana dina program TNI Manunggal Membangun Desa (TMMD).

Bupati Dadang teu weleh nyumangetan kolaborasi pentahelix dina ngalaksanakeun pangwangunan di Kabupaten Bandung, kaasup jeung TNI.

Panglima Kodam III/Siliwangi, Mayjen TNI Mochamad Fadjar nètèlakeun, dina Milangkala ka-78, pihakna boga kamandang TNI teu ukur kudu militan di medan paperangan, tapi ogè panghareupna dina pangwangunan.

Mochamad Fadjar miharep hususnan Provinsi Jawa Barat bisa jadi wilayah nu maju. Inyana masrahkeun pangajèn ka Bupati Dadang Suprpriatna sacara langsung di hareupeun Pj Gubernur Jawa Barat sarta para anggota TNI. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah