Kodim 0617 Majalengka Syukuran HUT ka-78 Kodam III/Siliwangi

- 21 Mei 2024, 19:30 WIB
Kodim 0617 Majalengka ngagelar syukuran dina raraga HUT ka-78 Kodam Siliwangi (21/05/2024).
Kodim 0617 Majalengka ngagelar syukuran dina raraga HUT ka-78 Kodam Siliwangi (21/05/2024). /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID –Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., jeung Forkopimda Majalengka ngalaksanakeun kagiatan dina raraga syukuran HUT Kodam III/Siliwangi ka-78 Taun 2024, tempatna di Lapangan Upacara Makodim satempat, Jl. KH Abdul Halim No. 403 Kelurahan Tonjong, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Salasa (21/05/2024).

Eta kagiatan jejerna "Militan dalam Pertempuran Terdepan dalam Pembangunan".

Diluuhan ku Pj. Bupati Majalengka, Sekda Kab. Majalengka, Kapolres Majalengka, Kasi Intel Kejari Majalengka, Danyonif 321/GT, Dansubdenpom III-5 Majalengka, Kadisop Lanud S Sukani, Ketua Pengadilan Negeri Majalengka, Ketua Pengadilan Agama Kab. Majalengka, Kadis Sosial Kab. Majalengka, Jajaran Perwira Kodim 0617/Majalengka, Para Veteran, Pepabri LVRI Majalengka jeung anggota Kodim 0617Majalengka.

Dina pangbageana, Pangdam III/Siliwangi Mayjen TNI Mohammad Fadjar, M.PICT nyebutkeunn, di umur Kodam III anu ka-78 tangtuna geus loba sejarah panjang.

"Dina kituna sim kuring nyokot jejer Kodam III kedah janten Prajurit oge PNS Kodam III anu 'Militan dalam Pertempuran Terdepan dalam Pembangunan' ".

Satuluyna Pangdam nyebutkeun tangtuna ieu teu leupas ti tugas pokok TNI, nyaeta Operasi Militer Perang jeung Operasi Militer salian perang, operasi  di daerah rawan.

Minangka aparat Komando kawilayahan geus sakitu euyeubna ngarojong pamarentah. Jawa Barat katut Banten dipiharep bisa jadi provinsi anu bisa gancang dina pangwangunan jeung masarakatna nyangking karaharjaan sarta ngarojong program pamarentah nyangking udagan Indonesia Emas 2045.

Dina eta kasempatan, Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., nyebutkeun,  tanggal 20 Mei taun 2024 teh HUT ka-78 Kodam Ill/Siliwangi. 

"Prajurit Kodim 0617/Majalengka kedah sabar, loyal, kompak, sauyunan, sabeungkeutan sanaos dina lumampah aya halangan harungan, sadayana mangrupikeun perjoangan," ceuk Dandim 0617/Majalengka.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah