Kodim 0617 Majalengka Syukuran HUT ka-78 Kodam III/Siliwangi

- 21 Mei 2024, 19:30 WIB
Kodim 0617 Majalengka ngagelar syukuran dina raraga HUT ka-78 Kodam Siliwangi (21/05/2024).
Kodim 0617 Majalengka ngagelar syukuran dina raraga HUT ka-78 Kodam Siliwangi (21/05/2024). /Ayank/galura.co.id

Di tempat anu sarua, Pj Bupati Majalengka Dr H Dedi Supandi S.STp., M.Si., netelakeun kalayan asma masarakat Majalengka, ngawilujengkeun milangkala ka-78 Kodam III/Siliwangi.

Jejer HUT taun ieu kawilang paa lantaran anyar- anyar ieu Kodim 0617/Mjl geus ngarengsekeun pengerasan jalan dina program TMMD di wilayah Kabupaten Majalengka di Desa Cipasung Kecamatan Lemahsugih, jeung program pompanisasi di wilayah Kecamagan Kertajati.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, teu katinggaleun ngawilujengkeun ka Kodam III/Siliwangi sarta ngapresiasi peran serta sakumna pihak dina ngajaga kaamanan tur katartiban di wilayah Majalengka.

"Pamugi Kodam III/Siliwangi teras janten garda pangpayunna dina ngajagi kedaulatan negara sareng maparinan kontribusi positif kangge kamajengan daerah," ceuk Indra Novianto.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah