Caleg DPR RI ti NasDem, H. Deden Mulyana: Kukuhkeun Perjoangan sangkan Anies Baswedan Unggul di Pilpres 2024

- 5 September 2023, 21:34 WIB
Caleg DPR RI ti Partai NasDem, H. Deden Mulyana.
Caleg DPR RI ti Partai NasDem, H. Deden Mulyana. /Sopandi/Galura.co.id

GALURA.CO.ID - Caleg DPR RI ti Partai Nasdem, H. Deden Mulyana, dibarengan jeung kader Nasdem sejena ngariung jeung kader PKS katut PKB pikeun nyaruakeun pamadegan sarta ngahijikeun visi pikeun kaunggulan Anies Bawesdan jadi presiden dina Pilpres 2024.

"Simkuring saparkanca ngariung di dieu pikeun komunikasi, tuker pamadegan, mèrè saran, informasii katut strategi kumaha sangkan Anies Baswedan unggul dina Pilpres 2024 engkè, " ceuk Deden satutas acara Temu Sinergi di Hotel Sutan Raja Soreang, Selasa 5 September 2023.

Baca Juga: Taun 2023 Ayeuna Karya Budaya Asal Jawa Barat nu Ditetepkeun Jadi WBTb Indonesia Jumlahna 13

Deden miharep sangkan engkè di lapangan tong aya pacèngkadan. "Nu ngariung di dieu aya ti PKS, jeung PKB tangtu tos gaduh jagoan sèwang-sèwang kanggo DPR RI. Tapi, nu paling penting kumaha urang ngajalankeun strategi sasarengan supados Pa Anies sareng Muhaimin janten Capres Cawapres, " pokna.

Minangka caleg DPR RI ti Dapil 2 Jawa Barat, Deden dina eta riungan sakalian ngawanohkeun diri. "Mudah-mudahan simkuring oge tinekanan janten anggota DPR RI, " pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x