Ratusan Imah Warga Dipasang Listik, Bupati Bandung Ngaresmikun Program Bedas Caang Baranang

- 12 Januari 2024, 18:57 WIB
Bupati Bandung ngaresmikeun Program Bedas Caang Baranang.
Bupati Bandung ngaresmikeun Program Bedas Caang Baranang. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Sajumlah 310 unit imah di Kabupaten Bandung meunang program Bedas Caang Baranang taun 2023. Ieu  program gawè barèng antara Pemkab Bandung jeung Dewan Masjid Indonesia (DMI) Kabupaten Bandung.

Program Bedas Caang Baranang ngaubkeun BPR Kerta Raharja, PDAM Tirta Raharja, jeung Bank Jabar Banten (bjb) dina program CSR (Corporate Social Responsibility).

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaresmikeun program Bedas Caang Baranang taun 2023 dina program Limar (Listrik Mandiri Rakyat) di Lembur Cibadak RT 03/RW 12, Desa Mekarjaya Kecamatan Arjasari, Kabupaten Bandung, Juma'ah 12 Januari 2024.

Baca Juga: Welasan Sakola Kacaahan Balukar Tembok Panahan Cai Walungan Cigedè Dayeuhkolot Jebol

Di  Kecamatan Arjasari, aya 100 umpi (KK) nu meunang program Bedas Caang Baranang,  sumebar di Desa Mekarjaya, 33 imah; Desa Rancakole, 33 imah, jeung; Desa Pinggirsari, 34 imah.

Kepala Desa Mekarjaya Oong nganuhunkeun ka Bupati Bandung nu tumorojog ka Desa Mekarjaya ngaresmikeun program Bedas Caang Baranang.

"Alhamdulillah Pa Bupati tos masang energi listrik tenaga surya ngalangkungan program Bedas Caang Baranang kanggo masarakat warga miskin ekstrem," ceung Oong.

Bupati Bandung Dadang, Supriatna nyebutkeun, ti 310 unit imah nu dipasang listrik tina progran Bedas Caang Baranang, di antarana 100 unit imah di Kecamatan Arjasari.

Baca Juga: Caleg DPRD Kabupaten Bandung, Dariel Fadhlilah Umajak ka Nonoman Sangkan Teu Apatis kana Politik

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah