Saban Hujan Kepala SDN Baturengat 01 Hariwang Sakolana Kacaahan Deui, Meredih PUTR Nyieun Bèntèng

- 11 Januari 2024, 19:12 WIB
Kepala SDN Baturengat 01  Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandug  Ai Rohayati, S. Pd.
Kepala SDN Baturengat 01 Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandug Ai Rohayati, S. Pd. /Sopandi/gaura.co.id

GALURA.CO.ID  -Kepala SDN Baturengat 01, Desa Cigondewah Hilir l, Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung, Ai Rohayati hariwangeun rehna unggal hujan sakolahna nu pernahna teu jauh jeung anak walungan Cibeureum mindeng keuna ku banjir.

"Saprak kajadian caah nu pangparnana, 4 Desember 2023, simkuring teu welèh hariwang upami hujan. Hariwang kajantenan deui sapertos Desember kamari, dugi ka Penilaian Akhir Sekolah (PAS) diundur, sareng proses belajar 400 siswa kaganggu, " ceuk Ai Rohayati di sakolah, Kemis 11 Januari 2024.

Ai ngaku ngarojong kana pangwangunan tol air atawa ngalegaan walungan di Kecamatan Margaasih nu geus direncanakeun pamarièntah.

Baca Juga: Anggota F PDIP Kabupaten Bandung, H. Dadan Konjala, SH: Ulah Kajongjonan ku Leubeut Pangajèn

Tapi Ai leuwih meredih nu kudu gancang dilaksanakeun: ngabènteng sakolah sangkan mun seug kajadian cai walungan mudal teu langsung ka sakola.

"Simkuring tos ngadugikeun pamaksadan bieu ka  PUTR, ngalanglungan pamarèntah di dieu, tapi teu can aya respon, " ceuk Ai.

Basa kajadian caah bulan kamari, aya ti Disdik nu ngalongok, Kepala Dinas Pendidikan, Agus Firman Jaini jeung rèng-rènganana. Ai miharep aya ujaning lakuna,  antisipasi sangkan mun seug walungan lèbèr, teu langsung asup ka sakola.

"Intina, simkuring hoyong sakola dibenteng supados cai teu langsung ka sakola upami cai walungan mudal, " ceuk Ai. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah