Bupati Bandung Kedal Jangji bakal Mérè Bonus jeung Uang Saku ka Atlet Pelatda PON 2024

- 17 Januari 2024, 13:00 WIB
Alet Pelatda Jabar nu rek tandang dina PON Aceh Sumut, nu asalna ti Kabupaten Bandung dibere uang saku ti bupati.
Alet Pelatda Jabar nu rek tandang dina PON Aceh Sumut, nu asalna ti Kabupaten Bandung dibere uang saku ti bupati. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, jangji baris mèrè bonus ka para atlet Kabupaten Bandung nu punjul meunang medali dina Pekan Olahraga Nasional (PON) XXI, September 2024 engkè di Aceh Sumut (Sumatera Utara).

Iwal ti kitu, Dadang Supriata ogè  bakal mere uang saku, keur para atlet Kabupaten Bandung nu bakal matandang dina PON XXI. Dipasrahkeun ka atlet ti mimiti asup pemusatan pelatihan daerah (pelatda) nu dimimitian ti Senèn, 15 Januari 2024.

"Sajaba nyiapkeun bonus, Pa Bupati Bandung ngalangkunga KONI ogè merhatoskeun husus ka atlet-atlet Kabupaten Bandung nu mèla Jawa Barat dina PON Aceh Sumut engkè. Uang saku idipasihkeun ka para atlet ti lebet pelatda," ceuk Ketua KONI Kabupaten Bandung, Yana Suryana, di SOR Jalak Harupat, Rebo, 17 Januari 2024.

Baca Juga: Kaulinan Barudak Jaman Baheula di Tatar Sunda: Ucing Jibeh

Najan ti KONI Jabar aya uang saku keur para atlet nu asup pelatda PON, ngan ceuk Yana, uang saku ti Bupati Bandung ogè tetep bakal dipasrahkeun. Iwal ti kitu,  nyayagikeun sakabèh fasilitas nu dibutukeun salila atlet latihan di pelatda.

" Ieu minangka stimulus kanggo para atlet Kabupaten Bandung supados terus sumangatna bedas kana berprestasi di PON 2024," ceuk Yana Suryana.

Senèn, 15 Januari 2024 Ketua KONI Kabupaten Bandung masrahkeun uang saku ka tujuh atlet tarung derajat nu milu  pelatda.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah