Nyanghareupan Puncak Usum Hujan Pemkab Bandung Umajak Masarakat sing Leuwih Ariat

- 17 Januari 2024, 06:00 WIB
BPBD Kabupaten Bandung keur ngaberesihan material sabada banjir orot.
BPBD Kabupaten Bandung keur ngaberesihan material sabada banjir orot. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dumasar iber ti Badan Meteorologi, Klimatologi dan Geofisika (BMKG) potensi curah hujan ayer-ayeran  antara bulan Februari- Maret 2024.

Patali kitu, Pamarèntah Kabupaten Bamdung umajak ka sakum stakeholder sangkan teu welèh ningkatkeun kasiapsiagaan nyanghareupan potensi bencana banjir, urug, jeung angin lilimbungan.

"Pamarèntah miharep ka masarakat Kabupaten Bandung supados ngaronjatkeun kasiapsiagaan mayunan potensi ancaman bencana banjir, urug sareng angin lilimbungan nu tiasa kajantenan sawktos-waktos," ceuk Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama di Soreang, Salasa 16 Januari 2024.

Baca Juga: Pemkab Bandung Nyalurkeun Bantuan Bahan Pangan ka Masarakat nu Keuna Balukar Caah Bojongsoang

Ceuk Uka Suska, nyanghareupan puncak usum hujan nu diperkirakeun dua bulan engke, jajaran BPBD Kabupaten Bandung terus ngalakukeun kesiapsiagaan saban poè ku ngaubkeun para nara hubung nu aya di masing-masing kecamatan tepi ka desa jeung kelurahan.

"BPBD ogè nyayagikeun personel di lokasi potensi rawan bencana banjir, nu caket sareng ngamalirna Walungan Citarum sareng anak-anak walunganana. BPBD ogè nyayagikeun logistik, pakakas evakuasi sareng kaperyogian sanèsna patali sareng kasiapsiagaan dina ngungkulan bencana," ceuk Uka Suska.

Nitènan potensi bencana, BPBD ogè ceuk Uka geus leuwih awal ngalakukeun pametaan, di antarana di kawasan Cekungan Bandung nu ngawengku Kecamatan Dayeuhkolot, Baleendah jeung Bojongsoang.

"Kawasan Cekungan Bandung salasawiosna muara walungan, utamina anak walungan nu ngamalir ti Kota Bandung ka Kabupaten Bandung. Ku kituna, warga nu panganjrekanana caket sareng walungan kedah ningkakeun kesiapsiagaan mayunan potensi bencana caah, " ceuk Uka.

Baca Juga: Bupati Bandung Netepkeun Status Tanggap Darurat Bencana

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x