Haul Akbar Kulawarga Dadang Supriatna sabot Dayeuhkolot Banjir

- 15 Januari 2024, 08:21 WIB
Acara Haul Akbar Kulawarga Dadang Supriatna,  di Masjid Asy-Syifa, Jalan Raya Sapan Desa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang Kabupaten Bandung, Ahad 14 Januari 2024.
Acara Haul Akbar Kulawarga Dadang Supriatna, di Masjid Asy-Syifa, Jalan Raya Sapan Desa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang Kabupaten Bandung, Ahad 14 Januari 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Para Kepala Organisasi Perangkat Daerah jeung camat di lingkungan Pemkab Bandung ngaluuhan Haul Akbar Kulawarga Besar Bupati Bandung di Masjid Asy-Syifa, Jalan Raya Sapan Desa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang Kabupaten Bandung, Ahad 14 Januari 2024.

Kulawarga besar Dadang SuprIna jeung Emma Dety husu ngadunga di Haul nu deusi tausyiah tu mubalig KH Dai Nanang Qosim..

Kulawarga Dadang Supriatna jeung istrina nu didungakeun dina haul: Almarhum/Almarhumah H. Taher Kosasih bin Al Hani dan Hj. Siti Saodah binti Adma (indung bapa Bupati Bandung Dadang Supriatna).

Baca Juga: Tarèkah Ngungkulan Banjir, Bupati Bandung Sagancangna Nyieun Dano

Anu sejenna almarhum/armarhumah: H. Tiswara bin Oyo Suherlan jeung Hj. Nawangsih binti H. Sarkup Fadhillah (induk bapa Emma Dety Dadang Supriatna), H. Sarkup Fadhillah bin Fadli (eyang ti Emma Dety) jeung Maman Sulaeman bin H. Taher Kosasih (lanceuk pituin Dadang Supriatna).

Dina eta kasempetan  ogè Dadang Supriatna sacara simbolis masrahkeun bantuan rèbuan paket sembako ka warga nu keuna balukar banjir di Desa Tegalluar, Bojongsoang jeung Bojongsari Kecamatan Bojongsoang.

Dadang Supriatna ogè sasadu ka warga di lembur tempat inyana digumelarkaeun, Lembur Sapan, Desa Tegalluar, ku lantaran kasibukanana mancèn tugas arang lolongok. Biasana, inyana kerep silaturahmi boh jeung kulawarga besar boh jeung masyarakat sabudeureun.

Bupati Bandung nganuhunkeun ka sakum nu hadir jeung ngadungakeun ka kulawargana. "Nuhun kana pidungana. Mugia almarhum sareng almarhumah ditempatkan di surga Allah SWT," pokna.

Baca Juga: Ucang Angge Kaulinan Barudak Jaman Baheula, Tingciripit jeung Ucang Angge

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x