Haul Akbar Kulawarga Dadang Supriatna sabot Dayeuhkolot Banjir

- 15 Januari 2024, 08:21 WIB
Acara Haul Akbar Kulawarga Dadang Supriatna,  di Masjid Asy-Syifa, Jalan Raya Sapan Desa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang Kabupaten Bandung, Ahad 14 Januari 2024.
Acara Haul Akbar Kulawarga Dadang Supriatna, di Masjid Asy-Syifa, Jalan Raya Sapan Desa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang Kabupaten Bandung, Ahad 14 Januari 2024. /Sopandi/galura.co.id

Dadang Supriatna ngaguar panineungan jeung kolotna mangsa jumeneng. "Almarhum sareng almarhumah ngamanatan, utamina pun biang, di antarana ngawanti-wanti teu kènging aya pacèngkadan sareng sadèrèk," pokna.

Bupati Bandung nineung kana kabiasaan maneuh almarhum bapa kandungna nu teu welèh salat tahajud tur ngadubgakeun puta-putrana. "Karaos pisan pidunga kadua sepuh, utamina pun biang," pokna..

Inyana ngungkabkeun, loba ngainivasi jeung motivasi ti para sesepih wakt masih jumeneng. Utamina ti kadua kolotna. Bupati Bandung amanat ka nu hadir mun kadua kolotnya masih jumeneng, ulah mganyerikeun.

"Dunga sepuh tèh kacids luar biasa, Kacida mustajab. Karaos ku sinkiring. Simkiring Jadi Bupati Bandung ku duana nu janten sepuh," ceuk Dadang Supriatna.

Bupati Bandung miharep, naon waè perkara atawa kawijakan jang kapentingan masarakat Kabupaten Bandung, pahalana tepi ka kolotna.

Dadang Supriatna nètèlakeun, sagala perkara manusa nu geus tilar putus amalna, kajaba tilu hal: shodaqoh jariyah, elmu nu mangpaat jeung anak nu saleh nu teu welèh ngadungakeun indung bapana.*** Sopandi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah