Pemkab Bandung Nyalurkeun Bantuan Bahan Pangan ka Masarakat nu Keuna Balukar Caah Bojongsoang

- 15 Januari 2024, 21:00 WIB
Kepala Dinas Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung, Ina Dewi Kania (kadua ti ketuhu) masrahkeun bantian pangan.
Kepala Dinas Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung, Ina Dewi Kania (kadua ti ketuhu) masrahkeun bantian pangan. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pemkab Bandung nyalurkeun bantuan bahan pangan keur masarakat nu keuna balukar banjir di tilu desa di Kecamatan Bojongsoang Kabupaten Bandung. Sacara simbolis bantuan bahan pangan  dipasahkeun Bupati Bandung Dadang Supriatna ti poè Ahad, 24 Januari 2024.

Kepala Dinas Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung, Ina Dewi Kania nyebutkeun bantuan bahan pangan bèas 24,52 ton jeung minyak goreng 4.906 lèter keur 4.906 umpi (kepala keluarga, KK).

"Masing-masing warga di tilu desa aya kana 2.600 umpi di Desa Tegalluar, 1.788 umpi di Desa Bojongsoang turta 516 umpi di Desa Bojongsari," ceuk Ina Dewi Kania di Soreang, Senèn, 15 Januari 2024.

Baca Juga: Bupati Bandung Netepkeun Status Tanggap Darurat Bencana

Bantuan bieu, ceuk Kania geus dipasrahkeun ka  masarakat. "Bantuan bahan pangan ti Pemkab Bandung kanggo ngirangan bangbaluh masarakat satutas wewengkonna kabanjiran," pokna..

Ceuk Ina, bantuan bahan pangan ukur sawatara waktu, pikeun nyayagikuen kabutuhan masarakat nu keuna bakukar banjir.

"Warga kawatesanan akses ka luar bumina ku kajantenan banjir. Bantuan bahan pangan  tos disanggakaeun ngalangkungan desa masing-masing tur disakseni ku Camat Bojongsoang. Simbolis pamasrahan bantuan langsung ku Bapak Bupati Bandung,"ceuk Kania.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x