Bupati Bandung Netepkeun Status Tanggap Darurat Bencana

- 15 Januari 2024, 16:55 WIB
Bupati Bandung ngaroris banjir di Citeureup, Dayeuhkolot.
Bupati Bandung ngaroris banjir di Citeureup, Dayeuhkolot. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaluarkeun Surat Keputusan Penetapan Status Tanggap Darurat Bencana Banjir, Longsor, Angin Kencang di Wilayah Kabupaten Bandung.

"Status Tanggap Darurat bencana banjir, longsor, sareng angin kencang di Kabupaten Bandung, diètang ti kawit kaping 13 Januari 2024 dugi ka kaping 26 Januari 2024," ceuk Bupati Bandung dina surat keputusan nu disumebarkeun, Senèn 15 Januri 2024.

Dadang Supriatana nètèlakeun salila panetapan Status Tanggap Darurat, Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung ngakoordinasikeun jeung ngalasanakeun pangkajian sagancangna kaayaan jeung kabutuhan pangungkulan darurat bencana.

Baca Juga: Haul Akbar Kulawarga Dadang Supriatna sabot Dayeuhkolot Banjir

"Utamikeun nyalametkeun sareng evakuasi masarakat korban sareng pangungsi tur nyumponan kaperyogian dasarna, "ceuk Bupati Dadang Supriatna.

Leuwih ti kitu, BPBD ogè kudu mèrè panyalindungan kelompok rentan. Sajaba ti ngalakukeun pangadalian ka sumber ancaman bencana, jeung memener fungsi sarana jeung prasarana vital.

Panetepan Status Tangpap Darurat, satutas hujan ayer-ayeran di sabudeureun Bandung Raya dina poè Kemis, 11 Januari 2024 ngabalukarkeun banjir ngagulidag di Lembur Lamajang Peuntas, Desa Citeureup, Kecamatan Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung.

Ku hujan ieu ogè ngabalukarkeun tanggul Walungan Cigede jebol ngabalukarkeun caah badag narajang Lembur Lamajang Peuntas jeung sabudeureunana.

Tanggul di Lembur Lamajang Peuntas geus dipasang geobag. Debit cai walungan ogè mimiti orot.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x