Kaulinan Barudak Jaman Baheula di Tatar Sunda: Ucing Jibeh

- 17 Januari 2024, 12:00 WIB
Iliustari kaulinan barudak jaman baheula, ucing jibeh (foto: kemendikbud.go.id).
Iliustari kaulinan barudak jaman baheula, ucing jibeh (foto: kemendikbud.go.id). /

GALURA.CO.ID -Baréto mah paling resep mun miluan kaulinan nu disebut “ucing jibéh.” Resepna téh pédah ucingna leuwih ti saurang, bisa dua urang, bisa ogé nepi ka dua puluh urang, éta sababna ieu kaulinan disebut ucing jibéh, singgetan tina “ucing hiji, ucing kabéh,” lebah dieu resepna téh, mani bring-abringan.

Sarat lainna, nu miluan ucing jibéh mah ajang barudak lalaki wungkul. Ari sababna nyarumputna sok jarauh, kalan-kalan aya nu naraék kana tangkal bungbuahan, nepi ka cabang tangkal nu luhur pisan, teu pantes mun dipiluan ku barudak awéwé téh, lantaran jalingkak.

Méméh der maén, barudak nu jumlahna, misalna 20 urang hompimpah heula, nepi ka tinggal dua urang, nu ditangtukeun ucingna ku cara suit. Nu éléh jadi ucing, nya si ucing kudu meungpeunan panonna, ari lawanna nu 19 urang lalumpatan naréangan panyumputan séwang-séwangan.

Dina kaulinan ucing jibéh mah, ngahaja nu nyarumput téh kudu saloba-lobana, sabab tadi geus diterangkeun, engké ucingna leuwih ti hiji, tina hiji ucing jadi réa ucing.

Baca Juga: Kaulinan Barudak Jaman Baheula, Sluip Door

Carana lawan jadi ucing téh kieu. Sebut misalna nu pangheulana jadi ucing, Si A, tah nalika A manggihan panyumputan Si B, nya, B harita kénéh jadi ucing, nu maturan A, naréangan panyumputan lawan lainna.

C, kapanggih, jadi ucing ogé. Ucing téh jadi tilu urang, anu tuluy naréangan lawan séjénna. Kitu jeung kitu baé, nepi ka hiji waktu mah, ucing téh jadi 19 urangna!

Ulin ucing jibéh kalan-kalan sok lalampar, milih tempat nu jarauh. Cindekna dina ulin ucing jibéh mah sok karasa obyag, enya da nu naréangan nu katelahna ucing téa, jumlahna tina hiji jadi ngaréaan, bari tingcorowok, kawas nu keur ngarepung bagong.

Dina hiji mangsa, nalika barudak arulin ucing jibéh, kawasna kaulinan téh kamalinaan teuing, da éta wé nalika geus wanci magrib, kanyahoan aya hiji budak nu can mulang ka imahna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x