GALURA.CO.ID -Di Den Haad Walanda, waktu keur diasingkeun dr. Citpo Mangunkusumo nyebutkeun nu keuna ku kasakit sampar atawa pes dikucilkeun ku masarakat. Teu bisa asup ka imah, najan ka imahna sorangan. Ahirna maot di handapeun tatangkal nu jauh ka lembur.
Ngungkulan mahabuna sasalad pes atawa sampar, taun 1911-1912, Malang, nu teu jauh ti Surabaya, nu keuna ku kasakit dikarantina, diisolasi, dilockdown mun ku basa ayeuna. Urang Malang teu meunang kaluar, atuh urang luar teu meunang indit-inditan ka Malang. Lembur nu kaasup zona merah dikosongkeun, wargana dikarantina di tangsi nu ngahaja dijieun.
Pamarentah Hindia Walanda masang bandera beureum dina lawang saketeng, lawang asup, di nu pagebug ku kasakit pes. Salian ti eta, gigireun bandera beureum dipasang papan nu ditulisanana ku aksara Jawa, make basa Jawa. Eusina ngelingan atawa mere nyaho eta desa keur keuna ku salalad sampar.
Baca Juga: Patilasan di Cibangban Desa Bunter Kabupaten Ciamis Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana
Tulisanana teh kieu mu disundakeun mah: Di ieu desa mahabu kasakit nu nular pisan, eta kasakit ngaranna Pes. Poma ulah asup ka imah-imah di ieu wewengkon. Entong ngendong di ieu lembur entong ngantep urang ti ieu lembur ngendong di imah maraneh. Poma ulah make atawa nyokot pakean jeung naon wae ti ieu desa.
Pamarentah Hindia Walanda oge nerbitkeun buku keur cecekelan dina ngungkulan kasakit pes. Salahsahiji buku judulna Penyakit Pest di Tanah Djawa dan Daja Oepaja Akan Menolak Dia. Ieu buku disusun atawa ditulis ku sastrawan Sunda, DK Ardiwinata. Diterbitkeun di Batavia (Jakarta) taun 1915, penerbitna Volkslectuur.
Masalahna, masarakat di Pulo Jawa, jaman harita tacan loba nu bisaeun maca aksara laten jeung aksara Jawa. Kurang ti 10 persen tina cacah jiwa di Pulo Jawa nu geus bisaeun maca teh. Tina kituna sosialisasi make basa tulis, basa Melayu jeung basa Jawa, kurang efektif, kudu dipangmacakeun ku nu geus bisaeun maca.
Kurangna nu geus barisaeun maca tambah deui tanaga medis kurang pisan lantaran urang dokter Walanda mah embungeun ka Malang, eta oge aya dokter Walanda nu muka praktek di Malang ngan arang pisan tur tarifna mahal ceuk ukuran warga Malang harita, antukna dukun jadi payu. Loba nu ngadon tatamba ka dukun nu ngubaranana teu ku cara medis.
Baca Juga: Karajaan Galuh Lolobana Disabit dina Dongeng jeung Babad