Anu ngadarengekeun teh pating kalecrek jeung gogodeg, teu nyarangkaeun kitu kaayaanana. Di nagara Eropa mah kajadian kitu teh dina abad ka-14, sapertilu cacah jiwa Eropa tilar akibat sasalad sampar. Walanda kawiwirangan, siga nu henteu mirosea kana kaayaan nagri jajahanana.
Taun 1915, sasalad pes nerekab ka Solo (Surakarta) tempat buka praktek Cipto samemeh pindah ka Bandung. Cipto kumejot hayang milu ngungkulan. Waktu menta idin, pamarentah Walanda henteu ngidinan. Meureun Walanda teh bangbaungeun lantaran Cipto mideng nyieun tulisan nu nyerang pamarentah Hindia Walanda.
Puguh wae Cipto wera. Anugrah bintang “Orde van Oranje Nassau” nu ditarima bulan Agustus 1912 ti pamarentah Hindia Walanda dipulangkeun. Waktu leumpang ngajugjug kantor pamarentah, tanda bintang “Orde van Oranje Nassau” diterapkeun dina bujur calanana. Sakur nu nempona ngalahormat ka lebah bujur Cipto.***