Aya 2.500 Sambungan Anyar Perumda Air Minum Tirta Raharja di Margahayu jeung Margaasih nu Rèngsè Taun 2024

- 17 Januari 2024, 10:00 WIB
eroeun jalan di Jalan Manglid Margahayu  ieu aya pipa sambungan Jaringan Distribusi Utama (DJU) nu enke bakal  nyambung ka imah warga sanggeus ngakiwatan meteran.
eroeun jalan di Jalan Manglid Margahayu ieu aya pipa sambungan Jaringan Distribusi Utama (DJU) nu enke bakal nyambung ka imah warga sanggeus ngakiwatan meteran. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina taun 2024 Perumda Air Minun Tirta Raharja Kabupaten Bandung ngarèngsèkeun sambungan pamasangan palanggan anyar di dua wilayah, nyaèta di Kecamatan Margahayu jeung Kecamatan Margaasih.

Supervisor Humas Perumda Air Minum Tirta Raharja, Harry Faizal dina  WA ka Galura,  Rebo, 17 Januari 2024, nyebukeun, target pamasangan di dua wilayah bieu jumlahna 2.500 sambungan anyar.

Pamasangan sambungan palanggan anyar Perumda Air Munum Tirta Raharja di dua wilayah tadi diresmikeun Bupati Bandung Dadang Supriatna di Balai RW 15, Komplek Cicukang Indah, Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung, Senin (9/1/2023) sataun ka tukang.

Baca Juga: Nyanghareupan Puncak Usum Hujan Pemkab Bandung Umajak Masarakat sing Leuwih Ariat

Sabaraha hiji jumlah cindekna pamasangan anyar nu geus rèngsè di wilayah Margahayu jeung di Margaasih tepi ka kiwari tacan dikanyahokeun.

Ngan, dumasar paniten di lapangan di Komplek Margaahayu Permai, di paro taun 2023 masih katitèn pihak PDAM ngagawèan pemasangan pipa. Tepi ka ahir  2023 geus rèngsè.

Ahir  2023, di wilayah Margagayu pamasangan pipa Jaringan Distribusi Utama (JDU) kurang lebih 2.400 mt, ogè karèk rèngsè.

Pemasangan anyar di dua wilayah bieu dibagèakeun warga. Najan warga geus boga sumur cai, ngan kaayaan caina geus teu bisa digunakeun, kurang alus. Tèmpo halodo geus tara bijil cai.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah