Dipupuhuan Kapolrestabes, Bupati Bandung Miharep Cabor Voli Nguniang Ngahontal Prestasi

- 18 Januari 2024, 08:00 WIB
pelantikan Pengurus Cabang Persatuan Bola Voli Seluruh Indonesia (Pengcab PBVSI) Kabupaten Bandung periode 2023-2027di Gedung Moch Toha Soreang, Rebo, 17 Januari 2024.
pelantikan Pengurus Cabang Persatuan Bola Voli Seluruh Indonesia (Pengcab PBVSI) Kabupaten Bandung periode 2023-2027di Gedung Moch Toha Soreang, Rebo, 17 Januari 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngaluuhun pelantikan Pengurus Cabang Persatuan Bola Voli Seluruh Indonesia (Pengcab PBVSI) Kabupaten Bandung periode 2023-2027di Gedung Moch Toha Soreang, Rebo, 17 Januari 2024.

Dadang Supriatna ngawilujengkeun ku dilantikna pangurus PBVSI masa bakti 2023-2027 nu ayeuna dipupuhuan ku Kapolrestabes Bandung, Kombes Pol Kusworo Wibowo.

"Mugia ku dilantikna kapangurusan nu enggal  jadi awal nguniangna cabor voli tiasa langkung saè deui, langkung stabil sareng solid kapangurusanana tur tiasa ningkatkeun sumanget dina prestasi sarta langkung ngamasarakatkeun cabor voli di Kabupaten Bandung," ceuk Bupati Bandung.

Baca Juga: Silaturahmi jeung PWI Bupati Bandung Nyebut Pemkab Bandung Sadia Dikritik

Bupati Bandung balaka prestasi cabor voli Kabupaten Bandung can nyongcolang, sanajan  sarana prasaranana geus cukup.

Ceuk Dadang Supriatna cabor voli dipupuhuan ku Kapolrestabes Bandung geus mibanda lapangan indoor nu representatif taraf internasional, di Sarana Olahraga (SOR) Jalak Harupat.

"Janten simkuring miharep ku kapangurusan PBVSI nu enggal, cabor voli tiasa leres-leres eksis sareng tiasa karaos langsung kahadiranana ku masarakat. Ku margi kitu bawiraos peryogi dibentuk kapangurusan PBVSI  dugi ka tingkat kecamatan sareng desa," ceuk Dadang Supriatna.

Dadang Supriatna yakineun ku dipingpin Kapolresta Bandung, cabor voli bakal leuwih nanjung jeung bisa ngabuktikeun  atlet-atlet Kabupaten Bandung bisa nyongcolang prestasina boh di tingkat provinsi boh nasional.

Baca Juga: Nyieun Anemometer, Alat Paranti Ngukur Angin

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah