Rembug Bedas di Ciparay jeung Paseh Bupati Bandung Nyosialisasikeun Program Prioritas

- 24 Januari 2024, 13:54 WIB
Rembuh desa nu digelar ku Bupati Bandung, Salasa, 23 Januari 2024.
Rembuh desa nu digelar ku Bupati Bandung, Salasa, 23 Januari 2024. /Sopandi/galura.co.id

Bupati Bandung langsung nharespon naon nu ditepikeun warga. Utamana bangbaluh warga ngeunaan barudak nu pegat sakola.

"Pamarèntah tos nyiapkeun kanggo 50.000 warga nu putus sakola kanggo ngiring pendidikan paket A, paket B sareng paket C," ceuk Bupati Bandung.

Bupati Bandung ogè nyosialisasikeun program insentif guru ngaji. Nurutkeun inyana, ku ayana program ieu, kana 450.000 warga Kabupaten Bandung geus narima BPJS Ketenagakerjaan jeung Kesehatan.

Dina taun 2024 ieu, ceuk Dadang Supriatna Pemkab Bandung mèrè BPJS Ketenagakerjaan ka 72.000 kader PKK jeung 88.000 patani Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Indonesia Kungsi Jadi Sawarga Lokomotif Uap

Tina jumlah nu narima BPJS sakitu, sajumlah 463 peserta BPJS nu geus tilar dunya masing-masing narima santunan Rp 42 juta nu ditarima ahli waris.

Disosialisasikeun ogè program rumah tidak layak huni (rutilahu) nu saban taunna diprogramkeun 7000 rutilahu. Program Besti (Beasiswa ti Bupati), taun 2024 keur 250 urang calon mahasiswa.

Iwal ti kitu, ngawangun 5 rumah sakit, 4 empat rumah sakit geus ngawujud: RSUD Bedas Cimaung, Kertasari, Arjasari jeung RSUD Bedas Bojongsoang. Dina bulan Pebruari 2024, hiji rumah sakit deui rek diwangun di Pacira.

Dina widang atikan, ceuk Dadang Supriatna l, Pemkab Bandung geus ngadeugkeun 19 SMP nu dipiharep taun 2024 ieu mimiti digunakeun. Sèsana 9 SMP baris nyusul diwangun.

Dina pangladen administrasi kependudukan, ngèntèngkeun warga nyieun akta kalahiran jeung akta kematian, jeung KK, Pemkab Bandung geus nyalurkeun 120 Anjungan Dukcapil Mandiri (ADM) ditambah 20 ADM bakal dianggarkeun dina taun 2024 ayeuna. ** Sopandi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah