Indonesia Kungsi Jadi Sawarga Lokomotif Uap

- 23 Januari 2024, 20:00 WIB
Lokomotif uap nu katelahna Si Gombar. Tepikeun ka taun 1978, karéta di urang masih ngagunakeun karéta uap. Ceuk catetan harita, jumlah lokomotif uap di Pulo Jawa wungkul leu­wih ti 700 unit.
Lokomotif uap nu katelahna Si Gombar. Tepikeun ka taun 1978, karéta di urang masih ngagunakeun karéta uap. Ceuk catetan harita, jumlah lokomotif uap di Pulo Jawa wungkul leu­wih ti 700 unit. /

 

GALURA.CO.ID -Sebutan sawarga lokomotif uap ditepikeun ku urang Barat taun 1970-an sabab harita maranéhna héraneun. Di pabrikna mah karéta uap téh geus  euweuh sanajan ukur jang teundeunan. Tapi naha cenah ari di Indonésia harita, ampir karéta api ditarikna ku lokomotip uap.

Taun 1975  kungsi tumpak ka­réta api ti Bandung ka  Ci­ka­jang Garut. Hulu karétana nga­gunakeun lokomotif uap. Katelahna téh Si Gombar. Ha­rita di jero gerbong aya sapa­sang turis Walanda anu gawéna cilingcingcat. Lamun karéta keur méngkol di Lebak­jero, geuwat dipotrétan hulu karétana téh, ti gerbong tu­kang.

Basa karéta keur ngabeng­kot muru Stasiun Cikajang, tuturubun kana bordés gerbong hareup, cenah pikeun ngarékam sora lokomotif anu gujas-gujes. Harita mah jauh keneh kana HP nu multiguna, bisa nyieun video jeung so­rana. Tustel paranti motret oge apa make keneh make se­luid, teu diteundeun dina memori.

Baca Juga: Nyieun Anemometer, Alat Paranti Ngukur Angin

Harita mah panumpang lo­kal nyeungseurikeun nempo paripolah turus Walanda kitu teh, sabab ongkoh urang Barat tapi dusun. Piraku sora karéta baé maké kudu direkam. Béh dieu béh dieu  kakara eu­ngeuh,  maranéhna mah kikituan téh sabab pikiranana geus nganjang ka pagéto, geus bisa ngaramal hiji waktu lokomotif uap bakal leungit ti dunya.

Di hiji waktu, jalma moal ngadéngé deui sora lokomotif uap, boh gujas-gujesna, boh hatongna anu disadana jigaa nu ceurik ngabangingik geus moal kadéngé deui. Jeung ngabukti deuih. Apan lokomotif desel oge dina kareta api cepat mah teu dipake. Hulu kareta api cepat mah meh teu beda jeung hulu kapal udara.

Sora gujas-gujesna loko­mo­tif uap, kaasup ngaba­ngingikna hatong, tepi ka ayeuna jadi nostalgia romantis.  Taun 1990-an, lamun aya san­diwara radio cacarita ngeunaan karéta api, sorana téh angger gujas-gujes jeung ha­tongna ngabangingik. Padahal pan dina kanyataan harita, taun 1990-an lokomotif uap geus henteu dines deui.

Lokomotif uap diganti ku lokomotif désel anu mesinna nga­guruh jeung anu sora ha­tongna jagreug lempeng, teu kawas hatong lokomotif uap. Saban lagu-lagu pop lamun cacarita dina karéta, intro awalna make background sora lokomotif uap, padahal jelas geus euweuh basa éta lagu keur diciptakeun jeung diha­leuangkeun.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x