Baca Juga: Seni Beluk nu Ngaburahol
Lokomotif désel mah ukur dipaké jang kelas-kelas anu husus. Contona, karéta api jurusan Jakarta-Bandung, lokomotifna geus ngagunakeun tanaga désel. Tapi Bandung-Banjar, Banyar-Kroya, Bandung-Cikajang, Bandung-Sukabumi, Bandung Purwakarta, masih ngagunakeun lokomotif uap.
Karéta api jurusan Bandung-Jogyakarta, satengah-satengah. Ti Bandung tepi ka Banjar, ditarikna ku lokomotif uap. Tapi ti Banjar tepi ka Jogyakarta diganti ku lokomotif désel. Naha maké kitu? Ceuk patugas stasion harita, salian ti jumlah lokomotif désel masih ngawates, di Jawa Barat anu jalanna luak-léok jeung loba tanjakan, anu kuat mah lokomotif uap.
“Ti Banjar bangblas ka Jawa Tengah Jawa Timur mah, jalanna lempeng jeung rata. Nu mawi ti Banjar nembé giliran lokomotif désel anu tugas,” ceuk patugas Stasion Banjar harita. Basa rék muru Surabaya (1989), lokomotif désel téh kakara ngaliwat ka Cicaléngka ogé ngabengkot, geus kitu mogok sabab jalanna nanjak.
Lamun ti wétan geus ngaliwat Stasion Lélés rék muru Nagrég, karéta ngabengkot, malah mundur deui pikeun ngawahan. Teu kaalaman ku lokomotif uap mah. Enya ieu mah harita. Da ayeuna mah lokomotif désel téh geus baredas. Sanggup narik gerbong salapan rangkaian, kaasup kareta pembangkit.
Baréto mah paling loba lima gerbong. Kitu gé sakapeung di stasion sok ditinggalkeun sagerbong mah. Atuh panumpang kudu parindah ka hareup. Pangna ditinggalkeun sagerbong teh panumpangna teu pinuh jeung hariwang teu kuateun nanjak. Ari di jalan datar mah lokomotif baheula oge kuateun nyemprung. *** Aan MP