Indonesia Kungsi Jadi Sawarga Lokomotif Uap

- 23 Januari 2024, 20:00 WIB
Lokomotif uap nu katelahna Si Gombar. Tepikeun ka taun 1978, karéta di urang masih ngagunakeun karéta uap. Ceuk catetan harita, jumlah lokomotif uap di Pulo Jawa wungkul leu­wih ti 700 unit.
Lokomotif uap nu katelahna Si Gombar. Tepikeun ka taun 1978, karéta di urang masih ngagunakeun karéta uap. Ceuk catetan harita, jumlah lokomotif uap di Pulo Jawa wungkul leu­wih ti 700 unit. /

Baca Juga: Kaulinan Barudak Jaman Baheula di Tatar Sunda: Ucing Jibeh

Nu matak lamun turis Ba­rat dina taun 1975, pahibut motrétan lokomotif uap di Indonésia, kumplit jeung nga­rékam sorana, mikirna geus pnjang. Bisa jadi maranéhna lain ahli sajarah, tapi ngarti hiji waktu, bakal aya téknologi anu jadi sajarah, nu ditinggalkeun ku masarakat. Nya lokomotif uap téa contona.

Tepikeun ka taun 1978, karéta di urang masih ngagunakeun karéta uap. Ceuk catetan harita, jumlah lokomotif uap di Pulo Jawa wungkul leu­wih ti 700 unit. Geus aya anu dines ti taun 1920-an kénéh. Ari tahun produksi mah, ma­lah aya anu maké angka 1890. Lomotif uap anu dines di In­donésia rata-rata buatan Krupp, Jerman Barat.

Harita kira taun 1978, aya pengamat karéta api di Barat nyarita, cenah Indonésia téh sawargana lokomotif uap. Di­na mangsa sawatara nagara di dunya, kaasup nagara-nagara di Asia Tenggara geus ngagunakeun lokomotif désel, In­donésia mah harita téh masih satia mamaké lokomotif uap.

Disebut lokomotif uap téh, sabab tanagana mémang ngagunakeun tekanan uap. Aya tangki cai jiga dreum badag. Cai anu geus diwadahan dina tangki digodog tepi ka ngagolak tur ngaluarkeun tanaga uap. Bahan bakarna, bisa ku suluh, bisa ku batu bara, beh dieu umumna mah ku batu bara, dianggap leuwih efektif batan ku suluh.

Baca Juga: Ibu Omi Rahaeni Ahli Uubar ti Sukabumi, Kakuatan Batinna Hasil tina Wirid

Dina rangkean karéta jaman ayeuna, gerbong kadua umumna gerbong mesin desel, disebutna teh kereta pembangkit, ngahasilkeun litrik keur lampu, keur AC jeung keur paranti nga-cahrger. Ari di­na jaman lokomotif uap mah, tukangeun lokomotif téh karéta suluh atawa batu bara nu lobana kira-kira mahi sariteun.

Lamun masinis dina ja­man ayeuna, maké uniform rapih, malah saliwat mah jiga pilot pesawat terbang, ari masinis  lokomotif uap jaman harita mah, calaludih, beu­ngeutna cémong, leungeunna pinuh ku méhong. Sakapeung ukur dikakaos sangsang bari ngulawitkeun anduk leutik di­na beuheungna. Sarua an­dukna ogé caludih.

Éta téh ku sabab kabin tem­pat masinis, ngahiji jeung hawu paragi mirun seuneu, boh seuneu suluh boh seuneu batu bara. Anu pangcaludihna mah, asistén masinis anu harita katelahna sroker sabab tugasna purah mirun seuneu. Sajajalan kudu haben ngawas­keun hawu ulah tepikeun ka seuneuna ngececes pareum.

Manéhna mah teu weléh nyekel singkup di jero kabin lokomotif  lamun éta lokomotif bahan bakarna tina batu bara. Ahir taun 1980, Indo­nésia kakara aya kamajuan: ngadatangkeun lokomotif dé­sel. Tapi kitu ogé jumlahna masih kénéh ngawates, henteu rea. Loba keneh lokomotif uap batan lokomotif desel.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah