Bupati Bandung: Tepi ka Ahir  2023 Investasi di  Kabupaten Bandung Rp 30,3 Triliun

- 23 Januari 2024, 08:40 WIB
Bupati Bandung dina Festivak Zumba di Majalaya.
Bupati Bandung dina Festivak Zumba di Majalaya. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Investasi di Kabupaten Bandung  boh Penanaman Modal dalam Negeri (PMD) boh Penanaman Modal Asing (PMA) ti taun ka taun terus ngarionjat.

Catetan Dinas Penanaman Modal dan Pelayanan Terpadu Satu Pintu (DPMPTSP) Kabupaten Bandung investasi di Kabupaten Bandung ngahontal  Rp30,3 triliun  tepi ka ahir triwulan IV atawa semester II taun 2023, atawa ngahontal kan targèt Rp 28,7 triliun (100 persen).

Investasi selapanjang  taun 2022  Rp29,4 trilyun, tina target Rp 27,8 trilyun, atawa leuwih ti  100 persen tina target.  Bupati Bandung Dadang Supriatna nètèlakeun, dirina tewelèh narèkah  pikeun terus nyiptakeun iklim investasi nu kondusif, kaasup palebah regulasi keur  mère kapadtiqn hukum ka calon investor.

Baca Juga: Kabupaten Bandung Asup Daerah Rawan Bencana, Bupati Nyiapkeun Anggaran BTT Rp 20 Miliar

Ceuk Dadang Supriatna,  kaluginaan  jeung  kaamananan  di Kabupaten Bandung lantaran  ayana gawè bareng antara Pemkab Bandung, TNI jeung Polri.

"Ngamankeun  iklim investasi dina hiji  regulasi. Salasawiosna  regulasi perkawis Rencana Tata Ruang Wilayah (RTRW) sareng Rencana Detail Tata Ruang (RDTR) Kabupaten Bandung nu  danget ayeuna tos rèngsè raperdana, " pokna basa  ngaluuhan Festival Zumba di Majalaya, kamari..

Kepala DPMPTSP Kabupaten Bandung, Ben Indra Agusta, nyebutkeun tepi ka  ahir taun 2023, realisasi investasi di Kabupaten Bandung tepi ka   Rp 30,3 triliun, boh  ti PMD boh ti  PMA.  Realisasi taun 2023 ieu,  ceuk Ben masih ngaruoakeun estimasi sabab  masih nungguan itungan   Laporan Kegiatan Penanaman Modal (LKPM) tepi  Januari 2024.

Ben nambahkeun,  investasi nu dominan pikeun taun 2023 aya tilu jenis:   infrastruktur hususna fasilitas Kereta Cepat Jakarta Bandung di Tegalluar,  eksplorasi energi panas bumi katut  pariwisata.

Ku  kinerja penanaman modal DPMPTSP Kabupaten Bandung  pinunjul III dina Penilaian Kinerja Penanaman Modal sajawa Barat ( West Java Investment Award (WJIA) 2023  nu digelar DPMPTSP Jawa Barat di Soreang, Kabupaten Bandung,  19 September 2023.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah