Panwascam Margahayu Kabupaten Bandung Nimukeun tina 11 Kampanye nu Ngarempak 6

- 23 Desember 2023, 20:53 WIB
Panwaslu Kecamatan Margahu, Kabupaten Bandung
Panwaslu Kecamatan Margahu, Kabupaten Bandung /Sopandi/galura.co.d


GALURA.CO.ID- Panitia Pengawas Kecamatan (Panwascam) Kecamatan Margahayu tepi ka ayeuna geus nimu hal-hal nu ngarempak administrasi Pemilu.

Ketua Panwascam Kecamatan Margahayu , Ahmad Ridwan nètèlakeun, tina 11 kagiatan kampanye pamilon Pemilu ukur 5 STTP (surat tanda terima pemberitahuan) kampanye nu ditarima Panwaslu Kecamatan Margahayu, boh nu ditepikeun ka Bawaslu Kabupaten boh langsung ka Sekretariat Panwaslu Kecamatan Margahayu.

"Ari 6 kagiatan kampanye sesana tiasa ditalingakeun kumargi laporan nu ditarima ti masarakat, " pokna.

Baca Juga: Pimpin IKWI Kabupaten Bandung, Yeni Herlina Hayangeun IKWI Leuwih kompak tur Maju

Hal ieu ditepikeun Ahmad Ridwan dina Press Rilis Pengawasan Tahap Kampanye pada Pemilihan Umum Tahun 2024 di Sekretariat Panwascam Margahayu, Lembur Coblong, Desa Sukamenak, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, Saptu 23 Desember 2023.

Dina Press Rilisna Ahmad Ridwan, dibarengan Ketua (Divisi P3S), Fauzan Sholahudin, jeung Ketua (Divisi HP2HM) Ratna kusumawati, nyebutkeun
Panwascam Margahayu, teu welèh siap mocongok tahapan kampanye 28 Nopember 2023 tepi ka 10 Pebruari 2024.

Tahapan kampanye dumasar Pasal 26 PKPU No. 15 taun 2023 nu ngawengku 8 poin, di antarana Kampanye Pertemuan terbatas, Pertemuan Tatap Muka dan Dialog, Penyebaran Bahan Kampanye Pemilu kepada Umum, jeung nu sèjènna.

Ahmad Rdwan miharep sangkan para pamilon Pemilu tumut aturan kampanye nu geus ditetepkeun jeung diatur dina PKPU 20 taun 2023 parubahan ti PKPU 15 Tauun 2023, saperti nepikeun iber tinulis ka kapolisian luyu tingkatan jeung nepikeun tembusanana ka Bawaslu.

Baca Juga: Kabupaten Bandung Dileler Pangajèn Zona Hijau

"Ieu aturan tos ècès luyu Pasal 14,18,21 Ayat 2c, " pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x