IKWI Kabupaten Bandung Mièling Hari Ibu 2023 ku Ngayakeun Tausiah

- 22 Desember 2023, 20:54 WIB
IKWI Kabupaten Bandung mièling Hari Ibu.
IKWI Kabupaten Bandung mièling Hari Ibu. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID– Ikatan Keluarga Wartawan Indonesia (IKWI) Kabupaten Bandung mièling Hari Ibu ka-95 taun 2023 ku ngagelar tausiyah ku Ustadzah Lenni Susilawaty.

Ieu acara digelar di Sekretariat PWI Kabupaten Bandung, Jalan Ciloa Kecamatan Soreang, Kabupaten Bandung, Juma'ah 22 Desembar 2023.

Ketua IKWI Kabupaten Bandung, Yeni Herlina, S.Pd., nembrakeun kagumbiraanana, lantaran kagiatan mièling Hari Ibu ka-95 taun 2023 ieu, diiluan ku anggota IKWI Kabupaten Bandung kalawan sarumanget.

Baca Juga: Bupati Bandung: Mièling Hari Ibu Wujud Pangajèn jeung Apresiasi Tur Ngipuk Kaguyuban Silih Sumangetan

"Sanaos kapangurusan IKWI Kabupaten Bandung nèmbè sareng teu acan resmi dilistrènan, namung kagiatan-kagiatan dina raraga ngarojong PWI ku IKWI Kabupaten Bandung tos tiasa dilaksanakeun, " ceuk Yeni.
.
Tasyakuran ceuk Yeni, salasahiji wujud rasa syukur kana dibentukna IKWI. Ka payun, ceuk Yeni, IKWI Kabupaten Bandung badè teras kolaborasi tur ngarojong program-program nu dijalankeun ku PWI Kabupaten Bandung.

Inyana miharep kapangurusan IKWI Kabupaten Bandung nu anyar bisa mawa organisasi wartawan  leuwih maju.

Hal nu sarua ditètèlakeun Bendahara IKWI Kabupaten Bandung, Hj. Pipit Nurbaeni. Inyana nambahkeun, ka harep IKWI Kabupaten Bandung bisa leuwih ragem.

“Saè pisan, luyu saremg nu dilipiharep, sanaod ieu tèh kagiatan nembèan, alhamdulillah simkuring saparakanca kompak,” ceuk Pipit.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x