Amprokna PWI jeung DPRD Kabupaten Bandung Ngabaladah Kolaborasi jeung Rukun Gawè

- 22 Desember 2023, 20:24 WIB
Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto.
Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pengurus Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Bandung periode 2023-2026, paamprok jeung Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto.

Ketua PWI Kabupaten Bandung Enung D Susana nètèlakeun, tumorojogna pengurus PWI Kabupaten Bandung ka Ketua DPRD Kabupaten Bandung dina raraga mageuhkeun silaturahmi, sakalian ngawanohkeun rèngrèngan pangurus PWI Kabupaten Bandung.

Iwal ti kitu, ceuk Enung, keur ngajalin hubungan sinergis antara profesi kawartawanan jeung DPRD Kabupaten Bandung sacara kalembagaan.

Baca Juga: Mièling Hari Anti Korupsi Sadunya, Pemkab Bandung Kahiji dina Pencegahan Korupsi di Jawa Barat

"Simkuring saparkanca ka Ketua DPRD Kabupaten Bandung salasawiosna kanggo ngajalin hubungan sinergis anatrlembaga, antawis PWI sareng DPRD Kabupaten Bandung," ceuk Enung satutas aidensi di DPRD Kabupaten Bandung, Juma'ah, 22 Desember 2023.

Enung nyebutkeun, aya sabaraha program PWI Kabupaten Bandung. Di antarana ngeunaan sinergitas program DPRD jeung PWI Kabupaten Bandung ni bisa leuwih disinergikeun ka hareupna..

Enung miharep, ku paamprokna ketua DPR Kabupaten Bandung, program DPRD Kabupaten Bandung bisa kasosialisasikeun ka publik ku kolaborasi jeung media nu kadaftar di PWI Kabupaten Bandung.

Ketua DPRD Kabupaten Bandung Sugianto  miharep, jalinan komunikasi nu salila ieu geus kajalin hadè jeung PWI Kabupaten Bandung bisa manjang.

Sugianto nandeskeun, pihakna teu welèh ngarojong ka PWI Kabupaten Bandung minangka mitra damel. Hal ieu minangka wujud dukungan antarlembaga.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah