Mièling Hari Anti Korupsi Sadunya, Pemkab Bandung Kahiji dina Pencegahan Korupsi di Jawa Barat

- 22 Desember 2023, 06:50 WIB
Bupati Bandung nyebutkeun Kabupaten Bandung dina tarekah ngabasmi korupsi geus nèmbongkeun hasil.
Bupati Bandung nyebutkeun Kabupaten Bandung dina tarekah ngabasmi korupsi geus nèmbongkeun hasil. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, nètèlakeun, Pemkab Bandung geus nèmbongkeun tèkad kuat dina tarèkah nyinglar jeung ngabasmi korupsi di lingkungan Pemkab Bandung, pamarèntah kecamatan tepi ka pamarètah desa.

Ieu tèh dibuktikeun ku dilelerna pangajèn pangluhurna ti Kemenpan RB: Mièling Hari Anti Korupsi Sadunya, Pemkab Bandung kahiji dina Pencegahan Korupsi di Jawa Barat

Bupati Bandung miharep sakabèh OPD, lembaga, BUMD tepi ka pamarèntah desa ngabogaan komitmen sarua pikeun ngabasmi korupsi.

Baca Juga: Apel Gelar Pasukan Operasi Lilin Lodaya 2023 Ngajaga Kaamanan Natal jeung Tahun Baru di Kabupaten Majalengka

Iwal ti ktu dihontalna opini pangluhurna dina pamariksaan laporan keuangan pemerintah daerah, nyaèta Wajar Tanpa Pengecualian (WTP) tujuh kali noron.

"Mugia ieu prestasi  jadi pangjurung kanggo urang sadaya pikeun ngahontal Wilayah Bebas Korupsi. Simkuring meredih para OPD sanèsna, para camat sareng para kades ngiring sareng narèkah janten WBK," ceuk Dadang Supriatna

Bupati miharep sakumna organisasi perangkat Daerah (OPD) jeung lembaga di lingkungan Pemkab Bandung bisa jadi zona integritas Wilayah Bebas Korupsi (WBK).

Kituna tèh ditepikeun Bupati Dadang Supriatna dina kagiatan mièling Hari Anti Korupsi Sadunya di Gedung Moh Toha, Kemis 21 Desember 2023.

Baca Juga: Mapag Nataru Polres Majalengka Ngamusnahkeun Miras Hasil Operasi Pekat Lodaya

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah