Di Ahir Program Gawè Taun 2023, KORMI Kabupaten Bandung Ngahaturkeun Duta Olahraga Masarakat Desa

- 22 Desember 2023, 20:35 WIB
Ketua KORMI Kabupaten Bsndung, Emma Dety.
Ketua KORMI Kabupaten Bsndung, Emma Dety. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina panutupan program gawè taun 2023, Komite Olahraga Rekreasi Masyarakat Indonesia (KORMI) Kabupaten Bandung ngahaturkeun para pajoang olahraga masarakat tingkat desa nu disebut Duta Olahraga Masarakat Desa di 270 desa jeung 10 kelurahan di Kabupaten Bandung.

"Duta Olahraga Masarakat Desa ti kalangan nonoman antawis yuswa 17-30 taun, nu aktif di desana sèwang-sèwangan kanggo ngaronjatkeun angka partisipasi masarakat ngabudayakeun olahraga," ceuk Ketua KORMI Kabupaten Bandung, Emma Dety Dadang Supriatna dina acara pelantikan Duta Olahraga Masarakat Desa KORMI Sakabupaten Bandung taun 2023 di Hotel Sutan Raja Soreang, Kemis 21 Desember 2023 peuting.

Acara pelantikan Duta Olahraga Masyarakat Desa diluuhan Bupati Bandung Dadang Supriatna,  Dewan Pelindung KORMI Kabupaten Bandung, Asisten Pemerintahan dan Kesejahteraaan Rakyat Kabupaten Bandung Ruli Hadiana, Kepala Dinas Pemuda dan Olahraga Kabupaten Bandung Kawaludin katut rèngrèngan jajaran Organisasi Perangkat Daerah di lingkungan Pemkab Bandung jeung nu sèjènna.

Baca Juga: Amprokna PWI jeung DPRD Kabupaten Bandung Ngabaladah Kolaborasi jeung Rukun Gawè

Emma Dety nètèlakeun, pelantikan Duta Olahraga Masyarakat Desa KORMI sakabupaten Bandung  teh program nuluy jangka panjang KORMI Kabupaten Bandung.

"Sateuacanna tos ngabentuk Koordinator Kecamatan KORMI sakabupaten Bandung taun 2022. Cita-cita ageungna ngajujug Indonesia bugar 2045," ceuk Emma Dety.

Duta Olahraga Masyarakat Desa, ceuk Emma Dety mibanda peran penting dina dunya olahraga masarakat kahareupna. Iwal ti kitu pikeun kapentingan dina pangembangan Inorga (induk organisisi olagraga) jeung panyumponan bakat pagiat,

"Duta Olahraga Masyarakat KORMI Kabupaten Bandung, sanès mung ukur meran dina olahraga masarakat waè. Pamarèntah Kabupaten Bandung ngalangkungan Bapak Bupati Bandung tos ngabuktoskeun mihakna ka dunya olahraga masarakat, hususna di Kabupaten Bandung, " ceuk Emma Dety.

Baca Juga: Mièling Hari Anti Korupsi Sadunya, Pemkab Bandung Kahiji dina Pencegahan Korupsi di Jawa Barat

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah