Pimpin IKWI Kabupaten Bandung, Yeni Herlina Hayangeun IKWI Leuwih kompak tur Maju

- 23 Desember 2023, 14:09 WIB
IKWI Kabupaten Bandung.
IKWI Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Mièlling Hari Ibu nu ka 95 , tanggal 22 Desemnber 2023 kamari, pikeun Ikatan Keluarga Wartawan Indonesia (IKWI) Kabupaten Bandung mah minangka kagiatan mitembeyan pangurus IKWI dina kapamingpinan Yeni Herlina.

Mièling Hari Ibu, di Sekretariat IKWI Kabupaten Bandung, Jalan Ciloa, Desa Pamekaran, Kecamatan Soreang sajaba dieusi ku tausiah oge ngawanohkeun rèngrèngan pangurus IKWI.

Harita, rèngrèngan pangurus IKWI Kabupaten Bandung marakè dress code kabaya. Ketua IKWI Kabupaten Bandung Yeni Herlina ngawanohkeun rèngrèngan pangurus IKWI Kabupaten Bandung periode 2023-2026.

Baca Juga: Kabupaten Bandung Dileler Pangajèn Zona Hijau

“Alhamdulillah, sadaya rèngrèngan pangurus sareng anggota IKWI Kabupaten Bandung antusias dina ngaksanakeun kagiatan perdana di IKWI minangka lèngkah awal kegiatan nu kacida saè," ceuk Yeni.

Ka hareupna taun 2024, Yeni miharep IKWI bisa kompak, solid  tur bisa gaspol di taun- taun ka hareup.

“Tasyakur ogè salasahiji wujud rasa syukur kana kabentukna kapangurusan IKWI Kabupaten Bandung nu enggal periode 2023-2026,” ceuk Yeni deui.

Yeni miharep engke IKWI Kabupaten Bandung nu aya di panyalindungan  PWI Kabupaten Bandung  ka hareup leuwih nunjukeun eksistensina di Kabupaten Bandung kalawan ngagelar kagiatan positif boh keur  internal IKWI boh keur masyarakat Kabupaten Bandung.

Baca Juga: IKWI Kabupaten Bandung Mièling Hari Ibu 2023 ku Ngayakeun Tausiah

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x