Karna Sobahi dina Pilkada Majalengka 2024, Manaskeun Mesin Partey jeung Relawan

- 23 Desember 2023, 06:16 WIB
Karena Sobahi.
Karena Sobahi. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Mapag Pilkada Majalengka 2024, Partai PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka (PDIP Majalengka), Jawa Barat, geus tatan-tatan nyiapkeun lengkah strategi.

Dina tarekahna pikeun nyangking rojongan masarakat di Pilkada Majalengka 2024, Ketua DPC PDIP Majalengka, H Karna Sobahi, mingpin konsolidasi bareng sakumna kader, Fraksi PDIP jeung relawan LASKAR.

Karna nu kiwari geus bebas mancen tugas bupati, keur ngarencanakeun lengkah strategi sangkan PDI P unggul dina  Pemilihan Legislatif (Pileg) di tingkat kabupaten, provinsi, katut pusat sarta Pilpres sakaligus unggul dina Pilkada Majalengka 2024.

Baca Juga: Apel Gelar Pasukan Operasi Lilin Lodaya 2023 Ngajaga Kaamanan Natal jeung Tahun Baru di Kabupaten Majalengka

"Parantos nampi hasil ti tilu lembaga survei waktos mangkukna. Simkuring parantos diparentahkeun kangge siap sasarengan kangge ngengingkeun Pileg oge Pilpres di Majalengka," ceuk Karna Sobahi, Kemis (21/12/2023).

Pikeun nyangkingna, pihakna geus ngumpulkeun tilu komponen kakuatan utama: 11 rebu kader ti tingkat kabupaten nepi blok, PAC jeung ranting desa sarta kakuatan Laskar jeung Karna Center nu bakal museur pergerakanna di satiap TPS.

Koordinasi tilu ieu kakuatan, ceuk Karna diatur ku sistem nu solid. Kaasup, timna oge bakal milih daerah-daerah nu dianggap perlu dikuatkeun, bakal didongkrak ku tilu unsur kakuatan ti sakumna relawan katut partey.

"Pemilu sanes mung perkawis wacana, tapi oge pergerakan nyata lungsur ka rayat. Insya Allah, ku pergerakan tiasa ngadongkrak rojongan massa oge soara," ceuk Karna.

Baca Juga: Mapag Nataru Polres Majalengka Ngamusnahkeun Miras Hasil Operasi Pekat Lodaya

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x