Panwascam Kutawaringin Nimu 2 nu Ngarempak Palenggeran Kampanye

- 29 Desember 2023, 05:54 WIB
Ketua Panwascam Kutawaringin Dany Arizaya Mutofa (katuhu).
Ketua Panwascam Kutawaringin Dany Arizaya Mutofa (katuhu). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Mangsa Kampanye Pemilu 2024, 28 November 2023 tepi ka 10 Pebruari 2024. Tepi ka 28 Desember 2023, Panitia Pengawas Kecamatan (Panwascam) Kutawaringin Kabupaten Bandung nimu dua palenggeran dirempak: politik uang jeung panggunaan fasilitas nagara.

Ketua Divisi SDM Panwascam Kecamatan Kutawaringin, Dany Arizaya Mustofa nètèlakeun nu ngarempak palenggaran kajadian di dua desa.

"Secara syarat materi tos cumpon kana unsur ngarumpak palenggeran, luyu Peraturan Bawaslu Nomer 7 taun 2023. Ku margi di Panwascam teu aya Penegakan Hukum Terpadu (Gakumdu) nya dilimpahkeun ka Bawaslu Kabupaten Bandung. Kordiv dibantos staf langsung ngalaporkeun ieu timuan, " ceuk Dani .

Baca Juga: Pemkab Bandung Dileler Pangajèn Philothra ti Pemprov Jabar

Kituna ditepikeun Dani basa ngagelar Press Realease di Sekretariat Panwas Kecamatan Kutawaringin Lembur Cipedung Desa Jatisari Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung, Kemis, 28 Desember 2023 burit.

Pamwascam Kutawaringin ogè ngaapresiasi partai politik (parpol) nu ngalakukeun kagiatan kampanye luyu aturan, ngalakukeun laporan ka kapolisian diteruskeun ka Panwascam jeung Bawaslu.

" Tah, nu di dua desa ieu teu ngalakukeun palaporan sareng potensi politik uang sareng ngagunakeun fasilitas nagara, " ceuk Dany nu dienyakeun komisiaonaris Panwascam Isep Sahroni jeung nu lianna.

Dani ngaku, pihakna terus narèkah ngalakukeun pencegahan sakuat kamampuan sangkan Parpol teu loba ngalakukeun ngarumpak palenggeran.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x