Pemkab Bandung Dileler Pangajèn Philothra ti Pemprov Jabar

- 28 Desember 2023, 11:57 WIB
Pamarèntah Kabupaten Bandung dileler panhajèn Philothra Taun 2023 ti Pamarèbtah Provinsi Jawa Barat.
Pamarèntah Kabupaten Bandung dileler panhajèn Philothra Taun 2023 ti Pamarèbtah Provinsi Jawa Barat. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Pamarèntah Kabupaten Bandung dileler pangajèn Philothra 2023 ti Pamarèntah Provinsi Jawa Barat dina kategori Pemerintah Daerah Kabupaten/Kota Teladan Pajak Rokok di Jawa Barat.

Philothra teh pangajèn jang pamarèntah daerah nu mibanda kontribusi signifikan dina tarèkah ngaronjatkeun optimalisasi beubeunangan tur kataatan pagawè negeri sipil (ASN) dina mayar pajeg.

Bupati Bandung Dadang Supriatna nganuhunkeun ka Forkopimda Kabupaten Bandung, para ASN, pagawè jeung karyawan Pemkab Bandung, para camat tur kepala desa, masarakat Kabupaten Bandung nu mibanda komitnen babarengan mayar pajeg.

Baca Juga: Mekarkeun Pepelakan di Pakarangan Imah, Pikeun Ngaronjatkeun Karaharjaan Kulawarga

"Mugia ieu pangajèn nambih motivasi kanggo langkung ngronjatkeun ngawujudna masarakat Kabupaten Bandung nu BEDAS," ceuk Bupati Dadang Supriatna, Rebo, 27 Desemner 2023.

Dadang Supriatna nyebutkeun, ieu pangajèn  wujud apresiasi kana kinerja pamarèntah daerah nu geus nuduhkeun komitmen jeung hasil dina ngokolakeun pajak roko.

"Pangajèn  tujuanna kanggo nyurung pamarèntah daerah dina ngoptimalkeun pendapatan daerah tina pajak rokok tur ngadalikeun konsumsi jeung sumebarna rokok di wilaya," ceuk Bupati.

Ceuk Dadang Supriatna, pihakna deuk narèkahan ngadalikeun konsumsi jeung parèdaran roko di Kabupaten Bandung ku mèrè insentif jang masarakat sangkan ngurangan ngaroko utamana dina tarèkah ningkatkeun kasadaran balukar teu hadè roko kana kasehatan.

Ngurangan ngaroko, ceuk Bupati, bisa ku ngawatesanan tempat ngaroko. Upamana waè tempat ngaroko di area publik, saperti di gedong pamarèntahan, pusat perbelanjaan, restoran, jeung tempat umum sèjènna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah