Keur Ngadeudeul PTSL, ATR/BPN Kabupaten Bandung Baris Masang 70 Rebu Patok

- 3 Februari 2023, 20:30 WIB
Kepala ATR/BPN Kabupaten Bandung, Julianto nyakseni  Staf Ahli Pemda Kabupaten Bandung masrahkeun sertifjkat lahan tanah ka warga.*
Kepala ATR/BPN Kabupaten Bandung, Julianto nyakseni Staf Ahli Pemda Kabupaten Bandung masrahkeun sertifjkat lahan tanah ka warga.* /SOPANDI/

GALURA-Kantor Agraria Tata Ruang/Badan Pertanahan Nasional (ATR/BPN) Kabupaten Bandung, baris masang 70 rebu patok bidang tanah.

Dina prakna rek ngalibetkeun masarakat ngaliwatan Gerakan Masyarakat Peduli Pemasangan Tanda Batas (Gemapatas).

Baca Juga: Bulan K3 Nasional, Abbas Saleh: Taya Kacilakaan Gawé di PLN UP3 Majalaya

 

Pikeun Kabupaten Bandung, Gempatas medal munggaran, dipuseurkeun di Desa Panyirapan, Kecamatan Soreang, Jumaah, (3/2/2023).

 

Kepala Seksi Survei dan Pengukuran Kantor ATR/BPN Kabupaten Bandung, Nurul Huda, nyebutkeun, dina tanggal 8 Pebruari 2023, nargetkeun  15 rebu patok bisa réngsé di 40 desa.

 

Sanggeus dipatok, satuluyna baris ngalaksanakeun Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap (PTSL).

Baca Juga: Stadion Siliwangi, Pangajen tur Mieling Bandung Lautan Api

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x