GALURA-Kabupaten Kuningan nargetkeun 10 rebu patok bidang tanah, anu baris dilaksanakeun di 30 desa kawengku ku 10 kecamatan.
Desa anu jumlah sakitu, nyaeta lokasi pendaftaran tanah sistematis lengkap partisipasi masyarkat (PTSL PM) taun 2023.
Baca Juga: Dandim 0612 Tasikmalaya Ngaresmikeun Masjid Al Gandara, Jamaah Mingkin Tumaninah
Kepala Kantor Pertanahan Kabupaten Kuningan, Surahman, nyebutkeun dina matok bidang tanah teh rek dipitembeyan simbolis.
Kituna teh ngaliwatan pencanangan Gerakan Masyarakat Pemasangan Tanda Batas (Patas) di Desa Sindangsari, Kecamatan Sindangagung, Jumaah, (3/2/2023).
Baca Juga: Kembang Gadung Lagu Sakral di Pantura Jabar, Ngahaleuangkeun jeung Mirigna Ulah Lalawora
Ceuk Surahman, sajaba nargetkeun 10 rebu patok PTSL PM, pihakna nargetkeun peta bidang tanah, reana 61.408 bidang eung sertifikat 30.864 bidang.
Sajaba ti eta, oge sertifikasi lintas sektor UKM jeung perikanan 1250 bidang.
Baca Juga: Galendo, Abon, Dengdeng Sapi jeung Kecap Serbasari Kuliner Has Ciamis
Nyabit sual sertifikasi tanah wakaf, target peta bidang tanah 426 bidang, jeung target sertifikat wakaf 436 bidang.