Tujuh Siswa SMA Pasundan 3 Kota Bandung Lolos SNBP

- 23 Mei 2024, 05:46 WIB
Pupuhu SMA Pasundan 3 Kota Bandung,  Drs. H. W. Lesmana, SH MH, M.MPd, dijejeran Wakasek Kurikulum, Eki Sayogia, M.Pd., katut Wakasek NU sejenna, keur masrahkeun Ijasah ka salasaurang siswa kelas 12 (22/05/2024).
Pupuhu SMA Pasundan 3 Kota Bandung, Drs. H. W. Lesmana, SH MH, M.MPd, dijejeran Wakasek Kurikulum, Eki Sayogia, M.Pd., katut Wakasek NU sejenna, keur masrahkeun Ijasah ka salasaurang siswa kelas 12 (22/05/2024). /Cecep KS/

GALURA.CO.ID -Dina taun ajaran 2024-2025, tujuh siswa kelas 12 SMA Pasundan 3 Kota Bandung, dipastikeun lolos Seleksi Nasional Berdasarkan Prestasi (SNBP). Kitu ceuk Wakasek Kurikulum SMPA Pasundan 3 Kota Bandung, Eki Sayogia, S.Pd., M.Pd.

Eki nyebutkeun tujuh siswa bieu ditarima di UPI Bandung, Unpad, UI, IPB, jeung PTN sejenna. "Prestasi akademik nu mawa reueus keur sakola, umumna jajaran YPDM Pasundan," ceuk Eki

Ngawangkong Dina sela-sela acara Wisuda 231 siswa Kelas 12 di lingkungan SMA Pasundan 3 di Aula Hotel Cemerlang, Jalan Pasirkaliki, Kota Bandung, Rebo 22/05/2024) nu diluuhan ku Ketua YPDM Pasundan, Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si, katut para tamu sejenna, ceuk Eki, nyurahan paneka zaman, proses pembelajaran geus sawatara taun ngagunakeun digitalisasi.

"Dina pembelajaran ngagunakeun konsep digitalisasi. Atuh, ujian siswa, make platform aplikasi digital," pokna.

Sajumlah prestasi, taya towongna dihontal ku siswa SMA Pasundan 3 Kota Bandung, kayaning, juara gulat jeung karate tingkat Jabar jheung tingkat nasional. Juara renang tingkat Kota Bandung, basket, volly ball jeung prestasi seni katut cabang olahraga sejenna.

Dina widang akademik, anyar keneh aya siswa nu ngahontal prestasi sepuluh besar olimpiade matematika tingkat nasional. "Di lingkungan sakola, mayeng Kelas Tahfidz, rukun gawe sareng yayasan Taqia, targetna saban siswa kudu mampu baca Al Qur'an 12 juz, pembelajaran unggulan," pokna.

Siswa nu mampu maca jeung ngolotok 12 juz, kawijakan ti pingpinan sakola, bebas biaya bangunan jeung SPP. Dibere oge beasiswa keur sajumlah siswa nu ngahontal prestasi akademik jeung prestasi ekstrakurikuler

Dina biantarana, Pupuhu SMA Pasundan 3 Kota Bandung, Drs. H. W. Lesmana, SH MH, M.MPd, netelekeun keur para siswa nu rek nuluykeun kuliah ka Paguron luhur, gugon tukon ngaronjatkeun prestasi akademiknya. "Ulah era kuliah di paguron swasta, bapa ge lulusan FKIP UNPAS Bandung," pokna.

Keur siswa nu rek digawe, modalna jujur jeung loyal ka lembaga tempat gawe. Atuh, keur siswa nu rek jadi wirausahawan, ceuk Nena, nenehna Wisma Lesmana, sing jadi entrepreneur nu mibanda jiwa kreatif, ngabedah pamikiran mandiri nu leubeut ku ide jeung inovasi ngamajukeun usahana.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah