Asup Bursa Cawabup, Eksanti Nepungan Cabup Incumbent, 'Aya Jodona' Kitu?

- 12 Juni 2024, 12:32 WIB
Eksanti nepungan Dadang Supriatna, can pasti aya jodona.
Eksanti nepungan Dadang Supriatna, can pasti aya jodona. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Artis nu ogè kader Partai Amanat Nasional (PAN), Eksanti, nepungan Bupati Bandung Dadang Supriatna, di imah dines Bupati Bandung, di Soreang, Salasa, 11 Juni 2024 peuting..

Sakumaha nu dijangjikeun samèmèhna, Eksanti baris nepungan calon Bupati Bandung incumbent ti PKB Dadang Supriatna, sanggeus ngarana diasongkeun DPD PAN Kabupaten Bandung pikeun marengan Dadang Supriatna di Pilkada Kabupaten Bandung 27 Nopember 2024.

Eksanti dibarengan Ketua DPD PAN Kabupaten Bandung, Thoriqoh Nasrulloh, jeung sejumlah pangurus DPD PAN Kabupaten Bandung.

Bupati Bandung, Dadang Supriatna, nu ogè Ketua DPC PKB Kabupaten Bandung ngaku ngarasa bungah bisa silaturahmi jeung artis asli kalahiran Soreang, Kabupaten Bandung.

"Simkuring nganuhunkeun ka sobat simkuring Teh Eksanti nu tos sumping silaturahmi wengi-wengi, sanaos masih sibuk syuting, namung ngaluangkeun waktos sumping ka dieu," ceuk Dadang Supriatna.

Tumorojogna Eksanti minangka lajuning laku patepungna Dadang Supriatna jeung Ketua DPP PAN Ahmad Najib Qodratullah.

"Luar biasana, Teh Eksanti tos gaduh surat tugas ti Pak Zulhas (Ketua Umum PAN Zulkifli Hasan). Simkuring ogè gaduh chemistry nu saè sareng Teh Eksanti ieu kumargi anjeunna sobat lami simkuring. Mugia aya jodona," ceuk Dadang Supriatna.

Eksanti ngaku bungah bisa silaturahmii jeung Bupati Dadang Supriatna. Inyana nganuhunkeun ku pangbagèa ti bupati nu somèah.

Eksanti ngaku siap ditugaskeun parteyna jeung disatujuan partey koalisi marengan Dadang Supriatna dina Pilkada Kabupaten Bandung 27 November 2024.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah