Meunang Soara Panglobana, KH Maman Imanulhaq jeung Juhana Zulfan Masrahkeun Wakaf Tanah keur Kantor PKB

- 16 Maret 2024, 09:00 WIB
Najan capres cawapres nu diasongkeunana teu unggul, soara PKB jadi leuwih loba. Tina kituna KH Maman Imanulhaq syukuran ku masrahkeun tanah wakaf keur kantor PKB Majalengka.
Najan capres cawapres nu diasongkeunana teu unggul, soara PKB jadi leuwih loba. Tina kituna KH Maman Imanulhaq syukuran ku masrahkeun tanah wakaf keur kantor PKB Majalengka. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Wakil Sekretaris Dewan Syuro DPP PKB, KH Maman Imanulhaq jeung sakumna Pengurus DPC PKB Kabupaten Majalengka ngagelar syukuran beubeunangan soara anu dicangking PKB di Majalengka.

Kyai Maman anu oge sukses meunang soara panglobana PKB keur tingkat DPR RI di Dapil Jabar IX katut Ketua DPC PKB Majalengka Dr. H. Juhana Zulfan masrahkeun wakaf tanah ka DPC PKB Majalengka anu kagareupna bakal dibangun Kantor DPC PKB Majalengka.

"Wakaf tanah anu asalna ti simkuring sareng H. Juhana Zulfan buktos syukuran kana cangkingan soanten PKB anu seueur di Majalengka," ceuk Kang Maman, Jumaah (15/03/2024).

Baca Juga: Pemilu 2024, PKB Unggul di Kabupaten Bandung, di DPRD Ayeuna 12 Korsi, tapi ku Naon 01 Eleh?

Kang Maman miharep ku ayana kantor anu anyar jadi motivasi keur sakumna pangurus katut kader PKB di Majalengka.

Anu ngaluuhan acara sakumna pangurus DPC PKB Majalengka: Sekretaris DPC Aan Subarhan, jeung Bendahara DPC Ade Duryawan.

Salian eta oge tembong sajumlah kiyai anu gede pangaruhna di Kabupaten Majalengka nu mibanda peran dina ngumpulkeun cangkingan soara PKB di Majalengka. 

Di antarana nu ngaluuhan teh KH Abdur Rosyid, KH Yusuf Karim, KH Harun Bajuri, jeung KH Iso Solah Parwani. 

Baca Juga: Wakil Ketua Apdesi Kabupaten Bandung Ngaku Sora dina Voice Note nu Umajak Kades Ngadukung PKB teh Inyana

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x