KH Maman Imanulhaq : Isra Miraj Dipieling, Kajadian Penting dina Sajarah Islam

- 4 Februari 2024, 09:00 WIB
Anggota DPR RI ti PKB, KH Maman Imanulhaq tausiah dina mièling Isro miraj.
Anggota DPR RI ti PKB, KH Maman Imanulhaq tausiah dina mièling Isro miraj. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anggota DPR RI, KH Maman Imanulhaq netelakeun salasahiji kautamaan bulan Rajab, bulan nalika Rasululloh SAW ngalaksanakeun Isra Miraj. Ieu teh keur umat muslim salasahiji kajadian kawilng penting dina sajarah Islam.

"Unggal taun simkuring teu kungsi absen masihan santunan kangge murangkalih yatim. Hal ieu kangge syukuran oge gumbira ngabageakeun momentum Isra oge Miraj Kangjeng Rasululloh SAW," ceuk KH Maman.

Santunan oge jadi simbolisasi tarekah nangtayungan barudak yatim. Loba nu geus dilaksanaeun ku Kang Maman, kaasup mere beasiswa ka anak-anak yatim di lembaga-lembaga pendidikan nu di asuhna.

Baca Juga: Legislator PKB, KH Maman Imanulhaq Merjoangkeun Gajih Pendamping PKH Naek, Rp 5 Juta

"Simkuring oge umajak ka masarakat kangge teras aub sareng partisipasi dina tarekah-tarekah nangtayungan ka anak-anak yatim," ceuk KH Maman.

Kang Maman diondang keur mere tausiah bari dzikir muhasabah bareng masarakat di sababaraha tempat sabudeureun Kabupaten Sumedang.

"Simkuring gumbira margi masarakat kacida antusias mieling Isra Miraj, oge khusyu nalika ngalangitkeun dzikir sareng salawat," ceuk Kang Maman.

Disebutkeun Kang Maman, memang lain ngan saukur raga nu butuh kadaharan, jiwa katut raga ngabutuhkeun asupan spiritual sangkan tetep linduh tur pengkuh.

Pikeun Kang Maman nu parteyna, PKB, nyalonkeun Anies-Cak Imin jadi presiden jeung wakil presiden , bulan raab jeung Isra Miraj momen keur panen kahadean babagi ka anak-anak yatim, jeung silaturahmi jeung warga.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x