KH Abdul Syakur Yasin, MA, Mulih ka Jati Mulang ka Asal, KH Maman Imanulhaq: Ulama nu Neuleuman Tasawuf

- 18 Januari 2024, 06:03 WIB
KH Maman Imanulhaq jeung KH Abdul Syakur Yasin suargi.
KH Maman Imanulhaq jeung KH Abdul Syakur Yasin suargi. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID. - Prof. Dr. K. H. Abdul Syakur Yasin, MA, salasaurang ulama kakoncara dipundut ku Nu Kagunganana, mulih ka jati mulang ka asal, Rebo, 17 Januari 2024, jam 01:30 di RS Mitra Plumbon, Cirebon. Anjeunna teh pangasuh  Pondok Pesantren (Ponpes) Cadangpinggan, Indramayu, Jawa Barat. 

Anggota DPR RI F.PKB, KH. Maman Imanulhaq, netelakeun  KH Abdul Syakur Yasin suargi teh  ulama kharismatik nu dipikawanoh tur kakoncara nepi ka mancanagara. "Anjeunna luhung elmu pangaweruhna. Nyangking wawasan kaelmuan nu kacida legana,  kadangkawis mancing kontroversi di masarakat," ceuk Maman.

Baca Juga: Anggota DPR RI KH Maman Imanulhaq Ngarojong Proses Hukum Pelecehan Seksual Miss Universe Indonesia 2023

Disebutkeun KH. Maman Imanulhaq, almarhum ngasuport umat pikeun tuluy mikir keur kamajuan Islam. Sagala kontroversi mindeng disanghareupan kalayan tenang. Pikeun anjeunna perbedaan teh sunnatullah tur ngutamakeun pendekatan dialog.

"Anjeunna ngajarkeun urang sakumna kana pentingna maos kitab-kitab pembanding supados teu peryogi nyikepan sagala perbedaan ku emosional," ceuk Maman.

Buya Syakur, nenehna KH Abdul Syakur Yasin, oge merhatikeun pisan ka pesantren. Sababaraha pasantren nu diasuhna kaasup jaringan pondok nu dibinana mindeng dikoneksikeun. Nyaeta pikeun silih tukeran ide gagasan oge ngaimplementasikeun ku sababaraha program saperti pertanian, alih teknologi, jeung sajabana.

"KH Buya Syakur teh salah sawios nu neuleuman budaya tasawuf ku kaarifan nu adiluhung," ceuk Kang Maman.

Baca Juga: Anggota DPR RI KH Maman Imanulhaq Ngaluuhan Pagelaran Budaya Sadar Bencana di Alun Alun Sumedang

Euyeubna masarakat nu nyuprih kumaha wanoh ka diri, muhasabah, sarta diajar kumaha ngajalankeun tarikat. Kadang ku metode nu tuluy ngaraketkeun diri lain ngan ka Allah SWT, tapi oge ka sasama manusa, jeung ka alam.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x