Wakil Ketua Apdesi Kabupaten Bandung Ngaku Sora dina Voice Note nu Umajak Kades Ngadukung PKB teh Inyana

- 22 Februari 2024, 18:00 WIB
Wakil Ketua APDESI Kabupaten Bandung, Rosiman.
Wakil Ketua APDESI Kabupaten Bandung, Rosiman. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Sumebar patatalèpa dina WA ka sajumlah kalangan voice note nu diduga sora Wakil Ketua APDESI Kabupaten Bandung, Rosiman.

Eusi eta voice note teh umajak ka kapala desa di Dapil 7 pikeun ngadukung anggota DPR RI ti PKB, H. Cucun Ahmad Syamsurijal atawa parteyna PKB tur ngadukung Ketua DPC PKB Kabupaten Bandung, Dadang Supriatna pikeun ngandidat Pilkada periode kadua.

Rosiman balaka rumasa soara dina èta voice note nu bocor ka luar  tèh  dirina. "Eta memang simkuring. Saleresna sanès intruksi Pa Bupati. Ieu mah intruksi simkuring wè nu dianggap sesepuh ku para kepala desa," ceuk Rosiman nu wanoh ku sebutan Wa Eros , waktu ngaluuuhan Bakti Sosial HPN PWI di Desa Indragiri Kecakatan Rancabali Kabupaten Bandung, Saptu, 21 Pebruari 2024, kamari.

Ceuk Rosiman, kituna dilakukeun tèh minangka wujud panuhun ka anggota DPR RI H Cucun jeung Bupati Bandung, Dadang Supriatna nu geus karasa ngabantu ka desa ku program-programna.

"Janten simkuring akon-akon saolah diintruksikeun ku Pa Bupati. Ngical nami bupati lah. Margi Pa Bupati tos mantosan ku prgram Insentif Guru Ngaji sareng BPJS-na, insentif RT, RW sareng BPJS-na.Janten sanès intruksi Bupati, " tandes Rosiman.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x