Isuk Kènèh Jalan Dengdek Margahayu Kabupaten Bandung geus Banjir

- 21 Februari 2024, 07:36 WIB
Jalan Dengdek (Kopo Sayati) Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung banjir, Rebo, 21 Pebruari 2024.
Jalan Dengdek (Kopo Sayati) Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung banjir, Rebo, 21 Pebruari 2024. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Hujan di sabudeureun Bandung nu turun ti peuting kènèh ngabalukarkeun Jalan Dengdek (Jalan Kopo Sayati) Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, banjir.

Poè ieu, Rebo, 21 Februari 2024, rebun-rebun kènèh ieu jalan nu aya di wates Desa Sayati jeung Desa Margahayu Selatan teh geus kakeueum cai nu luhurna kana satuur jalama dewasa. Balukarna, kandaraan macèt tur loba nu balik arah.

Kajadian caah di ieu tempat maneuh saban hujan di hilir turun. Walungan Cikahyangan jadi margalantaran, sabab geus ngaheureutan ku wangunan jeung ngadèètan ku runtah jeung matrial.

Sagala tarèkah geus dilakukeun ku pihak pamarèntah satempat, ti desa, kecamatan katut kabupaten bari dirojong ku dewan, tapi kapahung ku kawenangan sahingga ngungkulanana lènglèt.

Sajaba ti ngamacètkeun, caah ogè nerekab ka lembur di Desa Sayati jeung Margahayu Selatan kakeuem.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x