HPN 2024, PWI Kabupaten Bandung Nyalurkeun 1000 Paket Beas jeung Minyak Goreng ti Bupati Bandung

- 21 Februari 2024, 20:51 WIB
PWI Kabupaten Bandung ngayakeun Bakti Sosial dina raraga Hari Pers Nasional (HPN) 2024 di GOR Desa Indragiri Kecamatan Rancabali Kabupaten Bandung, Rebo, 21 Pebruari 2024.
PWI Kabupaten Bandung ngayakeun Bakti Sosial dina raraga Hari Pers Nasional (HPN) 2024 di GOR Desa Indragiri Kecamatan Rancabali Kabupaten Bandung, Rebo, 21 Pebruari 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -PWI Kabupaten Bandung ngayakeun Bakti Sosial dina raraga Hari Pers Nasional (HPN) 2024, sakalian Tasyakur Binimah Bupati Bandung , Dadang Supriatna ku dileler tokoh widang budaya jeung pangwangunan PWI Pusat Award 2024 di Jakarta, kamari.

Bakti Sosial ngabagikeun 1000 paket beas jeung minyak goreng sacara simbolis dipasrahkeun Bupati Bandung, Dadang Supriatna dibarengan Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung, Yosep Nugraha. Dilaksanakan di GOR Desa Indragiri Kecamatan Rancabali Kabupaten Bandung, Rebo, 21 Pebruari 2024.

Bupati Bandung, Dadang Supriatna ngawilujengkeun Hari Pers Nasional taun 2024 jeung milangkala ka-78 PWI. "Mugia anggota PWI langkung profesional dina ngadugikeun informasi ka masarakat, " pokna.

Baca Juga: Bupati Bandung Dileler Pangajèn Tokoh Nasional Bidang Pembangunan dan Kebudayaan ku PWI Pusat

Dadang Supriatna ogè nganuhunkeun ka PWI pusat. "Mugia pangajèn nu katampi janten pamecut kanggo langkung nambih sumanget simkuring dina ngawujudkeun Kabupaten Bandung Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis, Sejahtera, BEDAS, " pokna.

Anugrah widang Budaya nu dihontalna, ceuk Dadang Supriatna teu leupas tina rojongan pers, kaasup PWI Kabupaten Bandung. "Ieu nambihan  pangajèn janten 330 salami simkuring janten bupati, " ceuk Dadang Supriatna.

PWI, ceuk Dadang Supriatna,  ti dirina keur jadi kepala desa tepi ka jadi bupati ayeuna teu kungsi boga masalah nu krusial. "Simkuring teu welèh nembrak pikeun dikritik, tapi kritik kanggo ngawangun, " pokna.

Ketua PWI Kabupaten Bandung, Enung. D. Suzana nyebutkeun, dipilihna Desa Indragiri pikeun tempat bansos HPN 2024 luyu arahan bupati, sabab di Indragiri masih loba warga nu ngabutuhkeun bantuan. 

"Baksos kanggo warga Indragiri seueurna 250 urangeun. Sesana dibagikeun ka sababaraha desa di kecamatan sanes," pokna.

Ketua Panitia Pelaksama HPN PWI Kabupatem Bandung, Ayi Purnama nganuhunkeun ka Bupati Bandung nu geus nitipkeun bantuan paket beas jeung minyak ka PWI jeung ngawilujengkeun ku anugerah nu katarima Bupati Bandung ti PWI Pusat. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x