KH Maman Imanulhaq Masrahkeun Ganti Rugi keur Korban Luka Ringan nu Katinggang Baliho

- 9 Februari 2024, 11:00 WIB
Wawakil KH Maman Imanulhaq masrahkeun korban nu katinggang ba;liho.
Wawakil KH Maman Imanulhaq masrahkeun korban nu katinggang ba;liho. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Calon anggota legislatif (caleg) DPR RI Dapil SMS (Subang Majalengka Sumedang) ti  Partai Kebangkitan Bangsa (PKB) KH Maman Imanulhaq madrahkeun ganti rugi keur korban nu katinggang balihona di wilayah Kecamatan Rajagaluh, Majalengka.

Korbanna: Riffal Aditama Setiadi (20) warga Desa Rajagaluh Kecamatan Rajagaluh. Kondisi korban tatu dina tuur sarta geus diubaran. Dipasrahkeun ku wawakilna, KH  Maman Imanulhaq  masrahkeun santunan sarta bakal ngahadean kandaraan nu dibawa ku korban.

"Simkuring tangtos ngadugikeun rasa prihatin kana musibat ka  Riffal. Simkuring oge ngajurungan tim kangge saenggalna milari sareng ngadongkapan  Riffal,“ ceuk KH Maman Imanulhaq nalika dikonfirmasi, Rebo (7/2/2024).

Baca Juga: KH Maman Imanulhaq : Isra Miraj Dipieling, Kajadian Penting dina Sajarah Islam

Ceuk korban, kajadianna dina poe Salasa (06/02/2024), nalika inyana keur  tumpak motor di wilayah Cipinang, Kecamatan Rajagaluh. Ku sabab kondisi cuaca keur hujan gede dibarengan angin gede, baliho gambar KH Maman Imanulhaq hiber tur ninggang korban.

"Rengse nampi iber eta, simkuring langsung ngajurungan staf kangge nyiar informasi nu detail kana musibat tadi," ceuk KH Maman Imanulhaq.

KH Maman Imanulhaq  meredih ka tim suksesna sangkan mariksa kaasup kabeh alat peraga kampanye (APK) nu di pasang di Kabupaten Majalengka. Satuluyna inyana cumeluk ka masarakat pikeun ati-ati nalika naek kandaraan dina kondisi hujan.***Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x