Meunang Soara Panglobana, KH Maman Imanulhaq jeung Juhana Zulfan Masrahkeun Wakaf Tanah keur Kantor PKB

- 16 Maret 2024, 09:00 WIB
Najan capres cawapres nu diasongkeunana teu unggul, soara PKB jadi leuwih loba. Tina kituna KH Maman Imanulhaq syukuran ku masrahkeun tanah wakaf keur kantor PKB Majalengka.
Najan capres cawapres nu diasongkeunana teu unggul, soara PKB jadi leuwih loba. Tina kituna KH Maman Imanulhaq syukuran ku masrahkeun tanah wakaf keur kantor PKB Majalengka. /Ayank/galura.co.id

Caleg PKB anu mastikeun cangkingan korsina di DPRD Majalengka: dr Hamdi di dapil 1, Juhana Zulfan di Dapil 2, H Nasir jeung Ade Duryawan di Dapil 3, sarta Tubagus Hishnu Najatin di Dapil 4 katut Imon Hidayat di Dapil 5.

Dina eta kasempetan, Kiyai Maman ngapresiasi kerja pangurus DPC PKB Majalengka anu sukses nganteurkeun kader-kaderna meunang 6 korsi dina tingkat DPRD Majalengka.

Pon kitu deui soara PKB di tingkat provinsi jeung RI oge milu naek dibandingkeun pemilu samemehna. Ngan hanjakalna soara keur capres jeung cawapresna mah henteu sukses, buktina wae di Kabupaten Majalengka soara 01 henteu unggul.

"Wilujeng ka sakumna caleg PKB Majalengka anu kapilih janten anggota DPRD Majalengka. Ieu amanah anu dipasihkeun ku masarakat anu peryogi diperjoangkeun nalika parantos diistrenan janten anggota parlemen," ceuk Kiyai Maman.

Baca Juga: Di Kabupaten Bandung, PKB pikeun saheulanan Unggul

Kiyai Maman nu jeneng anggota Fraksi PKB DPR RI teu poho ngahatur nuhunkeun ka sakumna masarakat Majalengka anu geus milih sakumna wakil rakyat ti PKB di sakumna tingkatan.

Dina Rekapitulasi tingkat KPU Majalengka total soara anu dicangking PKB keur tingkat DPRD Kabupaten 76.596 soara.

Keur tingkat DPRD Provinsi total soara anu dicangking PKB sajumlah 69.378 soara. Di tingkat DPR RI PKB nyangking soara 63.432. Jumlah soara caleg panglobana dicangking ku KH Maman Imanulhaq: 31.538 soara.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x