Ketua DPC PKB Dadang Supriatna Hayangeun Sakumna Parpol Gabung dina Koalisi Bedas

- 3 Juni 2024, 20:57 WIB
Bupati Bandung nu oge ketua DPC PKB, Dadang Supriatna.
Bupati Bandung nu oge ketua DPC PKB, Dadang Supriatna. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ketua DPC PKB Kabupaten Bandung, Dadang Supriatna, nyebutkeun, danget ieu partey politik nu nembrakeun paniatanana ngagabung jeung Koalisi Bedas: Nasdem, Demokrat, jeung Gerindra, tur tangtuna oge PKB.

Dadang miharep sakum parpol bisa ngahiji dina Koalisi Bedas di Pilkada Kabupaten Bandung 27 Nopember 2024 engke, kaasup Golkar jeung PAN.

“Simkuring ogè umajak ka DPD Golkar Kabupaten Bandung urang sasarengan ngawangun Kabupaten Bandung ka payun. Mugia aya jodona. Simkuring muka salega-legana koalisi sareng parpol naon waè kanggo ngahiji. Bawiraos bakal langkung endah upami layeut sasarengan ngawangun Kabupaten Bandung” ceuk Dadang Supriatna waktu silaturahmi PKB Kabupaten Bandung ka Sekretariat DPD Golkar Kabupaten Bandung di Soreang, Senèn, 3 Juni 2024 burit.

Ku silaturahmi jeung komunikasi politik nu dilakukeunana, Dadang miharep partey politik bisa ngagabung nu antukna sapaham.

"Urang sapaham, visi misina jelas, lèngkah-lèngkah ihtiar urang kanggo teras ngalajengkeun pangwangunan di Kabupaten Bandung tiasa ngawujud,” ceuk Dadang Supriatna. .

Dadang Supriatna nyebutkeun geus aya kana 20 urang nu hayangeun jadi bakal calon wakil bupati marengan dirina. Arinyana ti kalangan artis jeung kader parpol.

Mairan Dadang Supriatna, Ketua DPD Golkar Kabupaten Bandung, Sugianto nètèlakeun, dina politik nu kacida dinamis teh pihakna masih nungguan mekanisme internal partey, pikeun nangtukeun Golkar di Pilkada Kabupaten Bandung.

“Simkuring danget ieu nuju ngiringaan tahapan survei di internal DPP Golkar. Hartosna, naon waè nu janten kaputusan DPP Golkar, simkuring badè nampi parètah partai. Naha badè janten calon bupati atanapi calon wakil bupati,” ceuk Sugiianto.

Sanajan kitu, Ketua DPD Golkar nu nyangking Ketua DPRD Kabupaten Bandung teh pihakna ogè hayang ngawujudkeun harepan babarengan pikeun tetep ngajaga kaayaan kabatinan politik di Kabupaten Bandung nu geus kajalin alus.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah