Jurusan Karawitan di SMKN 1 Kawali Ciamis ti Mimiti Dibuka Siswana ukur Sakelaseun, Bakal Ditutup?

- 11 Juni 2024, 20:30 WIB
Pagelaran siswa jurusan Karawitan SMKN I Kawali Ciamis. Jumlah siswana ti barang diadegkeun ukur sakelaseun.
Pagelaran siswa jurusan Karawitan SMKN I Kawali Ciamis. Jumlah siswana ti barang diadegkeun ukur sakelaseun. /Nanang /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Di Ciamis mah, SMKN 1 Kawali Ciamis teh hiji-hiji SMK negeri umum nu mibanda jurusan Karawitan. Ari SMK sejenna mah jurusan nu dibukana lolobana otomotif, IT, jeung administrasi pakantoran. Ngan nyakitu jumlah siswana teu nambahan.

“Taum pangajaran ayeuna, 2024-2025, insya Alloh ditambihan janten dua kelas,” ceuk Dede Hernadi, M.Pd waktu ditepungan ku Galura di Sekolah Menengah Kejuruan Negeri (SMKN) 1 Kawali, Jumaah minggu kamari (31/04/2024). Pangna dina taun pangajaran ayeuna ditambahan sakelas teh pedah taun-taun memehna nu daftar ngaleuwihan ti sakelaseun.

Dede Hernadi teh ketua jurusan atawa program keahlian komptensi Karawitan di SMKN 1 Kawali. Ieu SMK nu pernahna di Jalan Tagalagsari Kawali Kabupaten Ciamis pahareup-hareup jeung SMAN 1 Kawali, teh ti taun 2016 mibanda program keahlian kompetensi Karawitan, ngalengkepan program keahlian sejenn nu memehna geus dibuka.

Salian ti Karawitan,  SMKN 1 Kawali mibanda program kehlian Teknik Kendaraan Ringan (TKR), Teknik Komputer Jaringan (TKJ), Rekayasa Perangkat Lunak (RPL) Administrasi Perkantoran (AP), Teknik Gambar Bangunan (Arsitek) jeung Akuntansi. Program kompotensi Karawitan mah karek dibuka taun 2016.

SMKN 1 Kawali ngadeg taun 2003, dimekarkeun tina program katerampilan atawa vokasional ti SMAN 1 Kawali nu gawe bareng jeung SMKN 2 Ciamis. Awalna mah statusna teh SMK Kecil. Teu beda jeung SMAN Kawali, SMKN 1 Kawali oge ngadeg dumasar pamaredih tokoh atikan, tokoh masarakat jeung tokoh agama.

SMK Kecil Kawali nu kepala sakolana masih kepala SMAN 1 Kawali, awalna muka program keahlian Teknik Mekanik Otomotif. Siswa munggaranana aya 21 urang, ukur sakelaseun. Pangajaran praktekna harita mah di SMKN 2 Ciamis nu anggangna ti Kawali kurang leuwih 15 kilometer. SMKN 2 Ciamis teh sakola induk SMK Kecil Kawali.

Dina taun pangajaran 2004-2005, SMK Kecil Kawali satusna naek jadi SMKN 1 Kawali. Kepala sakolana henteu deui dijabat ku kepala SMAN 1 Kawali. Kepala SMKN 1 Kawali munggaran teh Drs.H. Cacah Cahyana. SMAN Kawali nu boga lahan kurang leuwih 7,5 hetar, laju masrahkeun lahan dua hektar ka SMKN 1 Kawali.

Dede nyebutkeun anu mokalan di SMKN 1 Kawali dibuka program kompetensi Karawitan teh Drs. H. Hadi Sumantoro, M.Pd basa keur ngajabat Kepala SMKN 1 Kawali. “Saur anjeunna teh di Subang aya SMK nu kana karawitan, di Tasik aya. Ari di Ciamis tacan aya. Kumaha mun SMKN 1 Kawali muka Karawitan?” ceuk Dede.

Tinimbangan sejenna, SMKN 1 Kawali pernahna di Ciamis Kaler, di pusat budaya kawantu tadina di puseur karajaan. Lulusan ti kompetensi kaahlian karawitan oge prospekna hade. Bisa langsung digawe, milu ka sanggar-sanggar jeung milu manggug di tempat-tempat hajat anu nanggap degung jeung sajabana.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah