Idin Ngadegna SMK Plus Bina Siswa Parompong KBB Aya nu Masualkeun, Pihak Yayasn Ngajelaskeun Kieu

- 13 Juni 2024, 12:53 WIB
SMK Plus Bina Siswa nu pernahna di Desa Jambudipa, Kecamatan Cisarua,  Kabupaten Bandung Barat (KBB).
SMK Plus Bina Siswa nu pernahna di Desa Jambudipa, Kecamatan Cisarua, Kabupaten Bandung Barat (KBB). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Idin ngadegna SMK Plus Bina Siswa nu pernahna di Desa Jambudipa, Kecamatan Cisarua,  Kabupaten Bandung Barat (KBB) aya nu masualkein sajumlah pihak.

Mairan hal ieu, Ketua Yayasan Bina Siswa, Azizi Rois Dahlan, S.Pd.I, ngajelaskeun idin oprasional nu geus dijalankeun: pangajuanana kahalangan di Kantor Cabang Dinas Pendidikan Jawa Barat

“Sanaos sateuacanna tos narèkah, komunikasi heula sareng pihak Kepala Dinas dan Kepala Bidang di Dinas Pendidikan Jawa Barat. Kasimpulanana persyaratan nu kirang engkè diajengkeun,” ceuk Azizi, Rebo, 11 Juni 2024.

Azizi nyebutkeun proses idinna ti lingkungan sabudeureunana sepertii pihak desa, kecamatan, jeung PGRI, jeung kepala sekolah di sabudeureun èta tempat ngadukung.

Kepala SMK Plus Bina Siswa, Lukman nyebutkeun ngadegna SMK Plus Bina Siswa  tarèkah nuluykeun kurikulum nu geus dijalankeun samèmèhna nu geus ngabukti bisa nyitak siswa nu punjul.

Kordinator Kesiswaan Panitia Penerimaan Siswa Baru SMK Plus Bina Siswa, Ade Narsa ngajelaskeun tepi ka ayeuna aya 170 siswa nu daftar. Satuluyna bakal disair tahap 2 pikeun panarimaan siswa asrama anyarna m nu engkèna diwaragadan ku para alumni Asrama Bina Siswa.

"Targetna dua kelas, ngawengku ti 20 siswa wawakil kabupaten atanapi kota, sèsana kanggo siswa pangcaketnat," ceuk Ade Narsa.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah