GALURA.CO.ID -Salasahiji sakola nu geus moal bireuk deui keur urang Bandung jeung sabudeureunana: SMA Pasundan 3 Kota Bandung. Pernha di Jalan Kebon Jati nomer 31, Kota Bandung, teu jauh ti Stasiun Bandung. Wangunan sakolana nampeu ka jalan raya.
Ditilik tina carita ngadegna nu geus lila naker, geus ngaruntuykeun lalakon nu kawilang panjang sarta ngamedalkeun alumn-almni nu punjul. “Alumnina rebuan, mawa reueus ka sakola lantaran loba nu geus maranggung jeung cumarita di tingkat nasional,” ceuk pupuhuna, Drs. H. Wisma Lesmana, M. MPd., M.Si., PhD ka Galura, (03/02/2024).
Ngawangkong teh di rohangan gawena, dibaturan ku Wakasek Kurikulum, Eki Sayogia, S.Pd., M.Pd.
Ti bihari tepi ka kiwari, SMA Pasundan 3 Kota Bandung teu weleh jadi pangjugjugan nu boga karep tolab elmu di SMA. Bukti kajojona ieu sakola, ti taun ka taun muridna terus nambahan.
Kiwari kacatet leuwih ti 820 urang siswa nu diasuh ku 85 urang guru jeung karyawan. Saban poe, barudak ngadeluk diajar, nganyam prestasi akademik jeung non akademik.
“Kagiatan pembelajaran sareng ujian nganggo platform aplikasi digital,” ceuk Eki Sayogia. Konsep digitalisasi, ceuk Haji Nena, nenehna Wisma Lesmana, metoda pembelajaran ngagunakeun teknologi digital, udaganana keur ngaronjatkeun kualitas atikan, ti mimiti proses pembelajaran, administrasi sakola, interaksi para siswa, para guru jeung karyawan.
“Konsep digitalisasi ngalibetkeun transformasi sagemblengna, tina metoda pangajaran nu konvensional tradisional kana model nu leuwih interaktif responsif, mapakan dinamika jaman era industri 4.0, anapon pembelajaran ‘tatap muka’ di jero kelas mah tetep dipentingkeun, teu dileungitkeun,” pokna.
Baca Juga: Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si, Ketua YPDM Pasundan: Kuciwa Guru PPPK Teu Balik Deui